Euleuh.. eta mani masih keneh aremut kana lalampahan Aman jeung Udi ?
Leres pisan eta teh…da jaman harita
mah kuurang tiasa kajiwaan kumargi kaayaan lingkungan sami
sareng kaayaan dikieuna. Umapi ayeuna mah moal tiasa
disuksruk deui sigana mah laratana teh.
-----Original Message-----
From: Tirta widjaja
[mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, December 07, 2004
4:17 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re:
Nelengnengkung
Ngiring mengpar ah sakedik....eta anjingna teh si
molly (moli?) nu nimu terus dikukut, terus nyalametkeun basa aya bangsat
(rampok?). Nu kantun diemut .....ana jegug teh anjing badag....
tirta
"Z.A. Muslim"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waas nya Kang saupami maos deui eta buku. Sim Kuring
kenging pelajaran
"Taman Pamekar" teh, oge "Pamekar
Basa", kinten-kinten taun 77-78, waktos
kelas 3-4 SD. Sasat parantos langkung ti 25 taun
kapengker, nanging masih
keneh ngalangkang dina ingetan. Dina eta buku TP
aya sub judul "Nyaba ka
Ibun", nyaritakeun lalampahan Aman jeung
babaturanana ngeusian pakanci
sakola ku nyaba ti Cicalengka ka Ibun, badarat,
teu tutunggangan. Waktos
kuliah, kinten-kinten taun 90-an, sim kuring
nyobian napak tilas eta
lalampahan ki Aman, geuning pohara lamparna !
cacak-cacak disorang ku motor
super-cub taun 82 mopona dugi ka dua kali, komo
upami badarat.
(Punten ah rada mengpar tina jejer
"Nelengnengkung")
tansah,
zam
----- Original Message -----
From: "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Tuesday, December 07, 2004 1:17 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Nelengnengkung
...........................
Siga
> heunteu sapira muasalna mah, eta jalaran
mangsa keur sakol dasar
> (SD), anu jadi bahan bacaan basa Sunda teh
"Taman Pamekar" tea. Apan
> anu ngarang eta buku teh Samsudi sareng
Sanusi (dua SS), nyandak
> Cicalengka salaku kasang tukang jeung tempat
"tokoh-tokoh" anu
> dicaritakeun dina eta buku kajadian. Enya,
Isah, Aman, Ade jeung
> balad-baladna, putrana padamel Statsiun KA
Cicalengka. Kacinta ka
> wewengkon Tatar Sunda katambahan, ti
sagigireun nao rupa anu
> kasaksian jeung ka alaman di wewengkon Galuh,
lamping kaler G.
> Syawal, oge pangalaman Isah, Aman, Ade jeung
balad-baladna sakumaha
> anu dicaritakeun ku dua SS dina buku Taman
Pamekar. Taman Pamekar,
> estuning ngarupakeun hiji buku anu kuat dina
nyaritakeun kaayaan
> lingkungan anu khas, hiji catetan manusa anu
cinta ka lingkunganana.
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate
instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links