Lambey salira pucuk kastuba,
Lebar temen diangge ngobral kacinta,
Horeng enya keur sadirieun anjeun mah,
Hirup teh anjang-angjangan,
 
Ditampi Eulis, moal ditampik,
Kitu kapalay salira panginten kitu kedahna,
Ari sugan hate anjeun emas inten,
Ari sugan asih teh kaabadian,
Ari sugan deudeuh teh nya kalanggengan,
 
(Duruwiksa taya ras-rasan,
Meunggaskeun dahan harepan,
Salira aya nu ngiwat,
Duriat dipaksa pegat)
 
???
??
?
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, January 14, 2005 5:03 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] NEPANGKEUN

Waduhh...neraskeunana kumaha Kang....ieu neng Euis tos "ngagolepak"
JP
 
(Teh Euis, teh Nia bantosan atuh....)
 

"Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tatali batin nu ngembat panjang antara hate jeung hate,
Nu sok remen dipake leumpang duaan na lelembutan,
Eulis, teuteup bulan masing anteb,
Kalangkang urang duaan teu ingkah-ingkah ti dinya.
 
(Tapi pan ari bangbara aya mangsa kudu hiber,
Lebar temen kembang asih diseuseup teu eureun-eureun)
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, January 14, 2005 3:33 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] NEPANGKEUN

Manjang asih manjang kangen
Manjangkeun tatali batin


Euis Sukawati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Eleh....eleh...eta si akang ku kituna nya....
-----Original Message-----
From: Jalak Pakuan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 14 Januari 2005 13:48
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] NEPANGKEUN

Kutan kitu Kang Durahman.....paingan atuh langsung ngaburudul eta patarosan, hmmm pondok jodo panjang lalakon??
 
JP



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke