Sami Akang2, tong boroning anu tos mangpuluh2 taun, dalah abdi nu 
masih keneh atah adol (ageung taun 80-90an) wararaas nyawang 
kapengker. Harita mah raraosan waktos teh asa panjang sareng teu 
ngudag2 cara ayeuna. Salah sawios kasang tukangna mah komersialisasi 
internet sareng email di taun 90-an ieu teh. Janten gampil stress 
gara2 diudag2 waktu sareng kahoyong heuheu ...

Tapi nu namina palupuh sareng kolong mah masih apal sanaos rompok di 
lembur henteu aya kolongan oge :)

yudi

--- In [email protected], oman abdurrahman wrote:
> Wararaas Kang, enya asa kaingetan pangalaman keur leutik ku 
tulisan ngeunaan kolong teh. Inget keneh bae keur meujeuhna kembang 
pakarangan ceuk babasan mah harita teh, ari ti peuting lamun hayang 
kahampangan teh sok milarian kolong. Praktis da pacilingan teh 
sasatna di jero imah, lebah manah bae asal aya conggang (di Garut 
mah "rongrang" tea lain, istilahna) dina balagbag (palupuh) imah, 
nya didinya hajat leutik teh dilepaskeunana.
>  
> Aya deui Kang, kolong teh biasana nampeu ka balong. Da nyakitu, di 
tempat anu loba balongan mah, balong teh mindeng papipir jeung imah. 
Tah, lebah ngabedahkeun balong, kolong teh sok jadi pamiceunan 
leutak anu geus lila nyaeuran balong. 
>  
> Sigana enya, baheula, kahirupan masyarakat Sunda teu lepas oge ti 
kolong. Kolong imah, nyimpen sagala rupa panineungan jeung sajarah 
anu nyicingan eta imah. Ieu teh, pakait jeung  judul jejer, asa 
ngailhaman ngeunaan hiji babasan. Boa-boa, ka hareup, 
babasan "tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan" teh meujeuhna 
ditambahan nu "noong ka kolong".
>  
> baktosna,
> manAR 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke