Ngadamel entri di wikipedia, sakainget, sakaketik pokona mah saka we lah. Punten Kang Kumi henteu ngiring ka metodologi salira hehe...
Mangga tambihan/lereskeun di: "http://su.wikipedia.org/wiki/Kaulinan_budak" Lumayan pikeun tamba kawaas ... Kaulinan budak Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas basa Sunda Jaman baheula samemeh urang Jepang nimukeun kaulinan komputer samacam sega atawa nintendo barudak leutik di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manehna sabada diajar atawa mantuan kolotna. Beda jeung kaulina elektornis nu nyipat nyorangan (soliter; B. Indonesia atawa solitaire; English, Perancis), rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipilaku ku leuwih ti saurang. Rupa-rupa kaulinan budak Beklen: Congklak: Perepet Jengkol: Pelak Cau: Cara ulinna hiji budak (biasana nu pangkuatna)nangkeup tihang tuluy ditukangeunna barudak sejen (bisa 2,3,4,5 jst) nangkeup ka eta budak. Biasana mah budak nu panglembekna aya dipangtukangna. Ieu meureun asal ngaran kaulinan tea, runtuyan budak teh diibaratkeun rungkun cau. Salian ti 'rungkun cau' eta, aya salah saurang budak nu 'jaga' alias dihukum jadi patani nu boga tugas mindahkeun pelak cau tea. Nu jaga ieu kudu ngawihkeun samacam kawih uluk panto tuluy nyoba ngabetot runtuyan barudak hiji-hiji nepi ka leupas. Budak nu leupas teh antukna milu jadi balad nu jaga tea babarengan ngawih jeung nagbetotan babaturanna nu masih keneh budak metotannu pangpuhuna dibetot ku sarerea, pakuat2 we nepi ka rungkun cau tea beak. Kaulinan ieu, mun barudakna karuat, bisa meakkeun waktu mangjam-jam. Rerebonan: Sasalimpetan: Sondah: Serok: Loncat Tinggi: Sasamunian: Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

