bekles/beklen: kudu aya kewuk jeung bal beklenna nu bahanna tina karet, rata2 dipaenkeun ku 2-sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rek 20 ge kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku leungeun. nu maraenna andeprok na tehel nu beresih nguriling jiga samodel lingkaran. mimitina bal dialungkeun sakali ngacleng kana tehel, tuluy kewukna diawurkeun kana tehel, mimiti nyokot kewuk hiji- hiji, bari dialungkeun balna ngacleng sakali tea, da mun dua kali atawa leuwih mah lasut.. conto make kewuk 10 siki, kewuk dicokot nepi ka 10 karawu ku dua leungeun, tuluy diawurkeun deui kewukna ditangkarak2eun kabehanana, dicokot hiji-hiji nepi ka sapuluhna.. geus kitu kewuk ditangkub2keun prosesna sarua jiga nu diluhur, geus ditangkubkeun kabeh, tuluy dibawaan deui... bagean ka batur mah lamun pamaen ka hiji lasut, nya giliran maenkeunana....
~ipup~ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

