--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> WALUYA : Punten Kang Rahmat, udagan hiji nagara teh
> nyaeta
> kasejahteraan/kamakmuran masyarakatna (tantosna oge
> dina segi
> materi, da dina naon deui atuh?). Sadaya nagara
> udaganana ieu,
> rakyatna makmur bin sejahtera. Janten sanes "semu"
> ceuk kuring
> mah, malah tujuan ieu nu kudu diusahakeun terus ku
> nagara. Cukup
> pangan, cukup sandang jeung cukup ....sagala rupi
> sanes kahayang
> sarerea sanes? atanapi pandangan ieu teh
> materialistis teuing
> kitu, cikan kedahna kumaha?
Kuring heunteu nyapirakeun perkawis sejahtera dina hal
materi anu sifatna kabendaan sareng lahiriah.
Anu dimaksad ku abdi 'semu' teh nyaeta cekap dina hal
materi, tapi 'kosong' dina perkawis spiritual (anu
janten kaunggulan bangsa Timur). Kunaon tiasa janten
kitu? margi nyaeta ku ayana paham materialistis tea,
sagalana diukur sarwa materi, jiwanya janten 'kosong'.
Hal ieu anu nimbulkeun masalah "sosial budaya"
negatif, anu teu tiasa diprediksi ti saanggalna.
> WALUYA: Kuring mah rada teu ngartos istilah
> liberalisme atanapi
> materialisme jrrd. Ngan hiji nu kuring terang, ceuk
> beja eta oge,
> di nagara-nagara barat atawa jepang, cenah mah
> masyarakatna
> makmur jeung teratur alias disiplin pisan. Jadi nu
> nganut paham
> "sabebas-bebasna teh" dimana? di urang atawa di
> barat? Ari ceuk
> kuring mah di lembur urang. Rek nyebrang jalan di
> urang mah
> dimana wae bisa. Rek jualan teu boga tempat,
> gampang, tinggal
> neangan emper toko batur. Rek naon wae, di urang
> dihempekkeun
> sanajan kagiatan manehna teh ngaganggu atanapi nepi
> ka
> ngarugikeun batur.
Sababarah dinten anu kalangkung kuring parantos
mostingkeun "bahaya globalisasi" anu diserat ku
pangamat ekonomi ti UGM Revrison Baswir. Di dinya
"dibedah" paham liberalisasi, neoliberalasi sareng
negara kasejahteraan, kaitanana sareng globalisasi.
> Nagara urang teh kalebet bangsa religius, tapi
> bangsa nu religius
> teu otomotis jadi bangsa nu jujur buktina korupsi di
> urang mah
> apan meunang "ranking" di dunya. Tah upami emut
> kadinya, kuring
> jadi murengked, kadang-kadang teu ngarasa reueus
> ....saeutik-eutik acan!
Konsep sareng realitas teu salamina tiasa ajeg atanapi
sesuai. Peryogi waktos kanggo ngabuktikeunana, sareng
aya faktor-faktor anu mangaruhanana. Diantawisna
mentalitas tea.
Mentalitas ieu, ceuk kuring mah universal sifatna, teu
aya hubungan sareng hiji paham.
(contoh kasus, nagara Korea Selatan. Aya hiji mangsa
presidenna korup, teu jujur, tapi tiasa "bangkit"
sareng tos tiasa nyaingan nagara Jepang). janten ceuk
kuring mah, sikep optimistis sareng kritis tetep kedah
digedurkeun. Sikep skeptis sareng apatis, teu tiasa
ngabereskeun pasualan.
baktos,
mrachmatrawyani
__________________________________
Yahoo! Music Unlimited
Access over 1 million songs. Try it free.
http://music.yahoo.com/unlimited/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now.
http://us.click.yahoo.com/T8WM1C/KbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/