Saleresna memang para inohong teh teu ti awal keneh basa kajantenan urugna anu di Leuwi Gajah kedahna enggal milarian pang gentosna, naha nembe kiwari raribut teh ari tos rea beurit, bau buruk anu kacida di mana-mana, raraosan mah waktos cekap ngarancang ti basa eta??
 
Kumaha tah apan kamari bp walikota nyempetkeun ka Australia basa nyantek Bpk Presiden nyarengan AAGym di Tegallega, Kumaha tah? Saur sawatara urang Bdg saleresna mhs paguron luhur satingkat ITB oge aya sumbangan pemikiran malah bungkeuleukan karyana, kumaha atuh teu dipirosea?
 
Ari kuring ningal di Msia masyarakatna tos papada ngartos, yen miceun runtah teu dina tempatna teh disaman kupamarentah. Tapi pamarentahna oge nyayogikeun tempat runtah mangrupa tilu-tong (saset) disetiap tempat rame. Hiji kanggo runtah plastik+tilas botol minuman, anu kadua pikeun kertas2, anu katilu ker runtah enggal bau buruk. Truk2 kantun nyandakan ti eta tempat unggal isuk-isuk. Pausahaan anu ngokolakeun / daur ulang oge seueur. upami jalan ka kota pasti kauninga tempat nampi runtah daur ulang,sapertos tilas aluminium minuman RM 3.00/kg. 
 
Ari diurang mah etongkeun tong sampah, pager imah oge bisa leungit. komo tong anu tina plastik anu ti Kodya, ambles raib duka kamana?? Jadi  Masyarakat oge kedah papada ngalartos sangkan teu aya masalah sapertos di negara jiran, ngurus runtah.
 
Upami kaleresan ka Singapur komo, dina kareta api lamun ngaludah, ngaleueut atanapi barang tuang, eta teh didendana 500 dollar Singapura, cobi kalikeun Rp 5000 we satiap dollar. Tah ku ageungna ganjaran mangrupa denda bari leres teu aya hampura, saha anu salah kudu didenda, ya buktosna jigah kitu tah kota batur, kabersihan WC umum tos jadi ukuran sosial.
 
Masalah ieu masalah sosialisasi supaya masyarakat jadi papada aruninga, perpaduan masyarakat jeung pamarenatah kudu jadi nomer hiji. Sahingga warga kota ngarasa tanggung jawab ngarasa ngabogaan kota. Memang loba keneh anu mangrupa sabab, kunaon warga kota teu jigah di nagara batur, handapna pendidikan, sarupaning hese gawe, tekanan ku budaya hirup anu ngudag budaya negara anu lewih maju. Bisa wae jadi salah sawios sababna kajadian sapertos kitu.
 
Ah ieu mah ngacapruk bae, sigah anu enya bae????
Cag ah.


mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
runtah di bandung numpuk, sabab teu aya tempat pamiceunan di kota bdg.
wewengkon nu masih mungkin jadi tempat pamiceunan runtah ayana di kab. bdg
atawa garut & sumedang.

presiden nepi ka ngaultimatum cenah. mun teu bisa ngurusna rek diurus
presiden. sabenerna mah lain presiden, tapi diambil alih gubernur.
masalahna ayeuna demokrasi teh siga nu enyaan. runtah dipiceun ka hiji
tempat,nu bogana geus satuju-make kompensasi alias mayar, tapi warga
sekitar teu satuju, teu jadi tah runtah dipiceun ka eta tempat. lieur we
nu aya. ngahargaaan kateu panuju warga, antukna runtah numpuk di sisi
jalan kota bdg bari kudu bersih isuk salasa. dipiceun ka tempat sementara.

palebah dieu kang dada rosada teu salah teuing. sabab pikeun nangtukeun
tempat pamiceunan runtah di luar kota bdg, lain otoritas manehna. kudu
pihak pamarentah garut atawa kab. bdg atawa sumedang. tapi nu aheng,
bupati garut geus satuju, warga sabudeureun pasir bajing garut teu satuju.

bantuan, kurangan produksi runtah:
tah, ka urang bandung, hayu urang mantuan ngurangan runtah. carana, mun
balanja naon bae, komo mun meser treuk atawa beus, teu kedah dibungkus.
sabab bungkusan eta, boh plastik boh kardus, bakal jadi runtah. sae mun
nyandak kantong atawa tas di bumi, barang balanjaan lebetkeun kana tas
paranti balanja nu dicandak ti bumi. plastik keresek bungkus balanjaan,
dugi ka bumi, mun teu diampihan pikeun wadah, otomatis dipiceun jadi
runtah.



mj

http://geocities.com/mangjamal








Ring'em or ping'em. Make PC-to-phone calls as low as 1ยข/min with Yahoo! Messenger with Voice.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke