Mun rek nangtang mah ka Preman we atuh sakalian, wani teu ?
tuh di Kampung rambutan ge ting jalegir nalongkrong.
nya bari udud, bari mabok, bari judi, bari nodong, jeung
osok ngagebugan jelma nepi ka maehan sagala. Leuwih ngarugikeun
batur daripada nu udud mah.

Uing ge sok udud, Jie Sam Soe kretek. 
nu penting mah ududna teu disundut-sundutkeun ka baju batur,
meuli ku duit sorangan, lain menta ka batur, komo bari bari 
nodong mah.

Di ruangan kantor mah tara udud, mun arek ge diluar.
diimah ge, misahkeun maneh jeung nu teu udud.

Soal umur mah lain ditangtukeun ku udud.
Najan keur ngorong ge ari kuduna maot mah nya maot we.

Teu boga uteuk ?
ah....nu bener we atuh ilaing teh ...!


-dul-
tukangteuing


--- In [email protected], "irpan rispandi" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Email ieu NANGTANG baraya kabeh  khususna anu ngaroko.
> Mun aya nu wani, sok tembalan ieu email. :)
> biasana nu ngaroko mah sok merasa jantan. :D
> Maju kadieuh !
> 
> eusina aya  4 bagian :
> - Kalimat provokasi ti kuring
> - Argumen pembenaran anu ngaroko
> - FAKTA
> - Saran
> 
> 
> *Provokasi :*
> Nu ngaroko mah teu boga uteuk, teu nyaah ka anak pamajikan, teu 
ngahargaan
> batur.
> 
> 
> 
> *Argumen pembenaran :*
> - mun eureun ngaroko, perusahaan roko tutup, rebuan karyawan bakal 
di PHK
> - Ngaleungitkeun stress
> - kabutuhan kulawarga tetep terpenuhi.
> - Nepi ka umur 50 tahun euweuh keluhan nanaon, kesehatan tetep 
prima.
> - Ngeunah
> - pergaulan
> - jrrd.
> 
> 
> * Fakta :*
> a. Data ti  WHO :
>     http://www.who.int/tobacco/health_priority/en/index.html
>     - Pamaeh nomer 2 di dunia.
>       1 dari 10 orang dewasa paeh lantaran ngaroko.
> 
>      - Pos pengeluaran gede di kulawarga miskin.
>        pikeun kulawarga miskin, ngaroko teh nyedot biaya nepi ka 
10% belanja
>        kulawarga. Padahal mun maranehna boga uteuk mah, eta nu 10% 
teh bisa
>        dipake jang perbaikan giji anak, atawa biaya pendidikan, 
kesehatan,
> jsb.
>        Acan lamun anu ngaroko teh gering paru-paru atawa saluran 
pernapasan,
>        tangtu pengeluaran deui jang ka dokter.
> 
>      - Ngandung zat-zat berbahaya pikeun awak :
>         http://en.wikipedia.org/wiki/Chemicals_in_a_cigarette
>         http://en.wikipedia.org/wiki/Cigarette
>         diantarana : Arsenic, Cyanide, Butane, Formaldehyde, jsb
>          - Arsenic (anu dipake maehan Munir)
>          - Cyanide (sianida, racun mematikan deui wae)
>          - Butane (dina LPG jang masak aya na teh)
>          - Formaldehyde (masih inget Formalin ?)
> 
> b.  ngakibatkeun teu kurang ti 73 panyakit :
>      http://www.ash.org.uk/html/factsheets/html/fact02.html
>      diantarana : Mandul, Impoten, Menurunnya kualitas Sperma, 
Diabetes,
>       Kangker, jsb
> 
> c.   Perokok Pasive (Pamajikan, anak, babaturan anu teu ngaroko) 
boga
> potensi       panyakit anu teu jauh beda ti anu ngaroko.
>       http://www.ash.org.uk/html/passive/html/passive.html
> 
> d.  ngakibatkeun kecanduan jeung ketergantungan :
>      http://www.quitsmokinghelp.net/psychology_of_smoking.html
> 
> 
> *Saran*
> (ari disebut solusi mah jajauheun, da yakin moal dilaksanakeun ku 
anu
> ngaroko na oge.)
> 
> a.  Masalah perusahaan roko, keun we da sakabeh manusa didunya, 
geus
> ditangtukeun rejekina ku Allah. Urang mah nyaah ka anak pamajikan, 
mikirkeun
> ekonomi rumah tangga. nya eureunan ngaroko.
> 
> b. Masalah ngilangkeun stress.
>     kapanan aya laguna
>     obat hati eta aya lima perkara
>     1. maca quran
>     2. solat peuting
>     3. kumpul jeung jelma soleh
>     4. puasa
>     5. dzikir
> 
>    Lain ngadurukan duit !
> 
> c. Kabutuhan kulawarga terpenuhi.
>     biasana jalma cukup nu kieu mah. hanjakal     sombong. kena-
kena boga
> duit     leuwih tuluy diduruk.
>     mendingan duit anu di duruk teh, di sedekahkeun.
> 
> d. Tetep sehat neupi ka umur 50 taun.
>     Sabaraha hiji anu bisa kitu? batur bisa nepi ka kolot. ari 
urang saha
> anu     ngajamin bakal sehat ? sakitu geus jelas, unggal poe 
nyeuseup arsen,
>     sianida, formalin, jrrd. Mikir atuh !
> 
> e. Ngeunah.
>     Nu kieu anu egois teh. ngeunah jang sorangan teu ngeunah jang 
batur.
>     Awak/baju bau haseup, huntu gading hideung, nafas bau, karunya 
we
> pamajikan jeung anak.
>     Kangeunahan teh loba jenis na. cing atuh kangeunahan nu 
ngarugikeun
> batur mah tong dipiara wae.
> 
> f. Gaul
>    Nu kieu biang na ngaroko teh. khususna budak ngora. padahalmah 
mun eunya
> boga uteuk, teu ngaroko ge tetep we bisa gaul. teu kudu bari 
ngaroko wae.
> 
> 
> Numatak baraya, STOP SMOKING !
> 
> ***langkung saur bahe carek, neda dihapunten.
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke