Kang Maman,
Kang Bud,
Masalah gede gajih, ceuk kuring mah relatif. Tinggal ninggal tina titik
awalna. Mun kudu dibolekerkeun, gaji saurang dosen enggal siga kuring
(IIIb), estu ampir sami sareng UMR. Aya tunjangan 200-an rebu (ngan kuring
can meunang). Jadi, 10 x tina titik ieu. Mun gajihna geus sapuluh juta mah
beda kali lipet na oge.
Kang Bud,
Dosen mah lain beda jeung pagawe pabrik. Ukurana lain kudu datang unggal
poe. Tapi, tanggung jawab kana naon anu rek ditepikeun ka mahasiswa. Leuwih
kana moral ceuk kuring mah. Janten masalah datang, nya gumantung kabutuhan.
Emut, pagalaman kuring, mun kudu datang unggal dinten, dosen mah teu aya
uang transportasi.
Eh, sigana teu sakabeh dosen siga kuring. Di UI, Kang Zulkiflimansyah gajina
28 juta (cenah). Masih di UI oge (kang Rahmat tiasa ngalereskeun) sakali
dongkap tiasa dugi ka 3/4 na gaji kuring. haha.
janten, salian ti masalah gaji, masalah dosen nu lain nyaeta masalah taqdir.
hehe

tantan

On 12/15/06, Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Siganamah "jurig" profesionalitas teh can kudu dihudangkeun ngarah PNS
(ketang kabeh pagawe) kasurupan ku eta jurig. Lamun ngan saukur hayang
dibayar gede mah, lain ukur PNS nu hayangeun teh, Uing oge hayang, ngan naha
surup eta gajih teh jeung kualitas pagaweanana, ayeuna gajih guru/dosen
memang leutik pisan tapi urang nyokot hiji kasus geura, dosen PTN nu
kabagean ngajar 2 sks, ngan datang ka kampus pas ngajar hungkul, tara teuing
toal-toel kana "persiapan ngajar" da cenah geus apal ieuh ti taun ka taun
sarua eta-eta keneh. Lamun dirasiokeun gajihna si dosen eta jeung pagawe anu
gawena senen nepi ka juma'ah, 8 jam sapoe, meureun rasio gajihna teh leuwih
gede ... tah lamun kasurupan ku jurig profesionalitas mah pak dosen teh
kuduna meureun datang unggal poe gawe ka kampus ngarah barudak anu deuk
tatanya (asistensi) teh gampang manggihan manehna. Nya pantes pisan lamun
gajihna ditaekeun teh. Tah ayeuna mana nu tiheula ... gajihna taekeun heula
atawa profesionalitasna heula ... cikan kumaha tah.

Salam,
Budyana


On 12/14/06, Reksa Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Sapuk, Kang. Malih, kriteria nu diajengkeun ku salira teh kedah
> ditegeskeun: Hiji pamajikan, dua budak, hiji nu babantu. Pan ayeuna mah nu
> babantu teh geus jadi hiji kawajiban?
>
> Mung, aya masalah sanesna, Kang: Dina sabaraha lami eta standar teh
> tiasa dihontal? Atanapi, sigana, nu diajengkeun ku salira teh angka standar
> kangge dosen enggal, nya? Nanging, dina halna ngiridit bumi, ti mana
> anjeunna kenging DP-na?
>
> Salam,
> MGT
>
> *tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> Kang Maman,
> Kuring rek ngobrol make aturan aktual ayeuna.
> Ceuk kuring, geus waktuna gaji Dosen teh naek sapuluh kali lipet ti nu
> ayeuna. Rasionalisasina:
>
>  ------------------------------
> Cheap Talk? Check 
out<http://us.rd.yahoo.com/mail_us/taglines/postman8/*http://us.rd.yahoo.com/evt=39663/*http://voice.yahoo.com>Yahoo!
 Messenger's low PC-to-Phone call rates.
>
>



--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke