Hartos Tohaan upami numutkeun Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda abad 
11-18, sareng Kamus Bahasa Sunda Kuno-Indonesia nyaeta :
Tohaan : kolot, nu ngawasa, dunungan, raja, nami tempat. Dina naskah Carita 
Parahyangan aya nu disebat Tohaan di Majaya, Tohaan di Sunda (Tarusbawa mertua 
Sanjaya) teras aya Tohaan Sarendet ( raina Ratu Dewata).

MSasmita
  ----- Original Message ----- 
  From: Siddik Wiradireja 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, January 09, 2007 4:07 PM
  Subject: [Urang Sunda] Bujangga Manik--> Cik saha anu uninga


  Upami ngaos puisi dihandap, urang bakal mendakan kecap "Tohaan"....,
  seueur raja-raja Pajajaran sateu acan diistrenan janten Narpati di Pakuan 
atanapi Galuh
  aya anu janten Tohaan di Galuh, Tohaan Sunda Kalapa sareng sajabina.
  Tah anu janten patarosan ; "naon hartosna Tohaan, naha sabangsa jabatan 
pangawasa daerah sapertos bhopati, adipati....??.
  Hatur nuhun..

  ssw


  MSasmita [EMAIL PROTECTED]
    Bujangga Manik nyaeta resi nu sok ngalalana ti Pakuan dina abad ka 16, 
sabenerna inyana ahli waris karajaan ti Karajaan Pakuan gelarna Pangeran Jaya 
Pakuan.
    Ngalalana sa-pulo Jawa tug nepi ka Bali.
    Naskah asli kapanggih ku sudagar Inggris ti Newport nyaeta Andrew James anu 
satuluyna dipasrahkeun ka Perpustakaan Bodleian di Oxford Inggris, kira-kira 
dina taun 1626 atawa 1629.
    Ku Dr. J.Noorduyn, panaliti ti Walanda, ngaguar eusina jeung 
dipublikasikeun dina bukuna (sanggeus wafat dina taun 1994, panalungtkan 
Bujangga manik diteruskeun ku A.Teeuw kalawan dibantu ku filolog Undang A 
Darsa) anu judulna Three Old Sundanese Poems ( Tilu Puisi Sunda Kuna).

Kirim email ke