Hatur nuhun Kang Faisal. Ngan kuring mah tetep bingung soal Sonar 
bisa ngadeteksi logam teh, sabab Sonar pan ngagunakeun "gelombang" 
sora (sound wave/ gelombang mekanik). Parameter nu bisa dideteksi 
lamun hiji obyek narima gelombang mekanik, sigana parameter nu 
deukeut-deukeut jeung sifat mekanik ieu, nyaeta kateuasan 
(kekerasan) jeung kapadetan (rigiditas atawa kakompakan). Tah 
kulantaran kitu, sonar moal bisa ngabedakeun antara batu jeung logam 
nu sarua teuasna ...

Ieu benten jeung magnetometer nu ngukur medan magnet bumi di 
beungeut taneuh atawa beungeut cai/laut. Medan magnet bumi geus 
nyampak dialam, jadi benten jeung sonar, nu ngagunakeun sumber 
gelombang sora nu dipancarkeun, terus ditengetan responsna akibat 
dipancarkeun gelombang. Magnetometer henteu ngagunakeun sumber, tapi 
ngamafaatkeun induksi medan magnet bumi - nu geus nyampak dialam - 
kana hiji obyek (bade lapisan taneuh atawa artificial object). Obyek 
anu gaduh harga "suseptibiltas magnetik" gede, bakal ngarobah harga 
medan magnet ti sabudeureunana (anomali). Bahan anu gaduh harga 
suseptibilitas magnetik gede, nya logam. Jadi umpama aya logam, 
magnetometer bakal nunjukkeun harga nu gede.

Saleresna mah, "metal detector" nu sok dianggo milarian logam 
kalebet kana maganetometer keneh. Ngan teu nunjukkeun angka, ukur 
sora tiiit...tiiit weh, lamun ngadeukeutan logam teh. Tapi ari 
kanggo milarian obyek nu dijero taneuh atawa di jero laut mah, kedah 
nganggo magnetometer nu "serieus", sapertos nu disebat kang Faisal.

Leres pisan, magnetometer nu "serieus" mah, sapertos proton 
maganetometer sering dianggo survey eksplorasi kanggo ngararampa 
kaayaan handapeun beungeut taneuh (bawah permukaan /sub-surface). 
Tapi sanaos kitu, dianggo milarian obyek  jijieunan jalma oge, 
tiasa .... malah langkung presisi tinimbang "metal detektor" nu siga 
iteuk (tongkat) geuning ....

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], Faisal Akbar <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Kang Waluya,
> 
> 
> Ari magnetometer nu sering di anggo mah, langkung tepat kanggo 
milarianDIP angle terhadap bumi. Sareng deuih eta magnetometer mah 
kanggo ngukursareng ngetang magnetic field bumi sareng polarity. 
Dina masalah ieu sokdijantenkeun patokan teh arah Utara bumi. Janten 
henteu ngadetek langsungka Logam.
> Jenis2na aya proton magnetometer, sareng K magnetometer. Duka 
Upami ayajenis nu sanesna. 
> Aplikasina biasa di anggo ku Pemetaan, arkeologi, nge-perkirakeun 
gempa,explorasi minyak sareng gas jeung sajabana.
> 
> Sonar asal singkatan tina Sound Navigation And Ranging,ngagunakeun 
teknik propagasi suara (sora ??). carana, dideteksi tinaperbedaan 
propagasi nu kaetang ku alat SONAR eta. Alat teh bakalnga-bedakeun 
sababaraha karakteritik bahan. Upami dina pengeboran biasanasok 
diangge kanggo ngabedakeun lapisan2 bumi, engke dipetakeun 
yendidinya aya gas atanapi Minyak. Puguhan deui didukung ku alat 
sanes-na.Uih deiu kana SONAR, tah ku sabab tiasa ngabedakeun 
karakteristik bahananu diantarana mah logam. Ngabaca logam teh 
tergantung kana set sinyal nudibaca-na. Tah sinyal perlambatan teh 
tiasa nga-ungkabkeun di-belah manaaya logam atanapi henteu.
> Aplikasi hampir di-sadaya bidang, upami militer biasa-na 
kanggongadeteksi posisi musuh (Tank, kapal perang atanapi kapal 
selam kan tinulogam oge), tiasa oge ngadeteksi jenis senjata 
pelontar jiga Rudal(biasana kapal selam)
> Kalemahan-na dina daya jangkauan. 
> 
> Janten survey nu ku akang dilakukeun teh, sonar-na milarianjenis 
benda-na sareng jarak-na (teknik-na dihitung kana perlambatan, 
lajualat sonar, besar hambatan gelombang laut upami di laut), tapi 
biasanamah ari jarak sok diukur tina panjang kabel. Ari 
magnetometerna kanggonunjukeun ka posisi-na. Misalkeun jakarta 
selatan, magnetic field-na +/-42000.
> 
> Sakitu nu tiasa dicarioskeun. Punten ah basa sunda-na amburadul.
> 
> 


Kirim email ke