Waduuuh...asa rareuwas ieu teh, karak nonghol tos tijonghok ku Ely-Case. 
Tipayun sim kuring mah pesen ka Kang Dudi ulah bet jadi asup kana pola 0n-Off, 
nyieun opsi rek ninggalkeun milis, lebar....santai we najan ieu masalah cukup 
seurieusss. Masalahna mah dijieun babari jadi babari dijieun hese bisa jadi 
hese.  Ari ceuk kuring mah masalah pokona mah "Mekanisme Nalapung" nu can aya 
atawa can diajegkeun konsisten.
   
  Dijieun babari, nya eta mah masalah kuncen/moderator nu biasana ti nu 
ngadegkeun milis grup. Tangtuna kuncen nu apal visi/misi/aturan ngadegkeun 
milis grup, nu boga rasa miboga kana milis group. Jadi....nya kumaha kuncen we, 
mun aya nu kaluar ti visi/misi/aturan rek ditalapung atawa rek diantepkeun.
   
  Dijieun hese? Bisa oge najan lain hese sabenerna mah ngan perelu energi 
ekstra. Ieu mah model badami, jadi mun aya nu mahiwal....der dibahas babarengan 
ieu teh masih saluyu atawa geus mengpar tina visi/misi/aturan milis grup. 
Tidinya ditangtukeun statusna, terus tangtukeun sanksina,  kuncen kantun 
ngajelegurkeun SK-na.
   
  Tina Ely Case (najan teu apal samemehna), mangga ka para kuncen ajegkeun 
kalayan transparan aturan-aturan nu rek diterapkeun nu saluyu jeung visi, misi 
ieu milis group. Mun aya nu mengpar mangga diprit, dipapatahan. Mun masih 
ngarengkas bae nya diprit terus bere kartu naha koneng atawa langsung beureum, 
ditalapung. Mangga urang sasarengan neang deui "Value Sunda" nu saur alm. mang 
Ayat aslina US teh pan egaliter, demokratis.
   
  Sakitu ti sim kuring, kurang leuwih nu teu merenah atawa salah eta mah estu 
ti sim kuring. Atuh anu benerna eta mah meunang mulung ti batur.
   
  salam
  JP / tirtawidjaja
   
  
dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
             
   
  Kang MJ, leres teh ( kang )  Ely teh tos  "ditalapung?".
   
  Sim kuring manghanjakalkeun pisan upami kitu mah.
Leres leres hanjakal pisan.
  Sok sanajan eusi tulisanna aya nu ngaco , tapi keur kuring mah masih aya 
pulunganeunnana .
   
  Sim kuring teu yakin lamun teh(kang) Ely bakal leungit tina Kusnet ieu. 
Mungkin wae datang deui kalayan make  ngaran landihan sejen, salila kaanggotaan 
 millis ieu terbuka keur umum. Sedengkeun samasakali kuring teu nyaho saha atuh 
sabenerna teh/ kang Ely teh? ( sarua jeung anggota kusnet lainna oge) 
   
  Satadina mah , tara pisan hayang maca tulisan teh Ely teh.Aya sababaraha 
tulisanna anu ku kuring langsung didelete bari teu dibaca heula. Tapi gening 
bet rea padundengan ngomentaran  hal tulisanna, akhirna  kuring ge jadi 
panasaran. Nya sakali waktu  kuring maca oge tulisanna . Memang tulisanna  rea 
anu teu asertive . Togmol , teu aya etika.
  Tapi sok sanajan kitu, keur kuring mah  masih aya pulunganeunana. Minimal 
keur introspeksi diri. Ceuk kuring mun dilenyepan mah Insya Allah bisa 
ngadorong kana ningkatkeun karakter kuring sorangan ( tingalina nu positifna 
ulah nu negatifna)
   
  Keur nunjukeun kahanjakalan sim kuring kana "ditalapungna" teh (kang ) Ely, 
kuring jangji dina saminggu ka hareup moal rek nulis nanaon dina millis urang 
sunda ieu.
  Keur nunjukeun deui oge kahanjakalan kuring ku  leungitna hak kuring maca 
tulisan ti salah sahiji "anggota" kusnet ( sok sanajan nyamarkeun identitas 
dirina), nyaeta Ely Evalita ( teuing jalu teuing awewe), kuring rek mikir deui 
dina sajeroning saminggu ieu tina tuluyna ngilu atawa teu ngilu deui jadi 
anggota  millis urang sunda ieu. 
   
  Mungkin moal aya nu manghanjakalkeun   kana kaputusan kuring kitu. Keur 
kuring teu jadi soal. Kuring nu hanjakal pisan mah, can bisa sakali oge panggih 
 atawa sasalaman jeung para  anggota millis ieu. Kahayang mah  dina acara 
Kopdar atawa HBH engke kuring bakal bisa panggih jeung sababaraha urang  
anggota millis ieu  ( kitu oge mun pas waktuna kuring aya di lembur)
  Bisi salila ngilu millis ieu aya kecap atawa tulisan kuring anu nyinggung 
atawa teu merenah , kuring menta  dihampura ka sakabeh baraya kusnet...
  Hatur nuhun kana sagala  kontribusi  anggota kusnet  salila ieu. Rea anu bisa 
dipulungan tina ngilu millis ieu pikeun kuring mah..
   
  Sakali deui nuhun pisan ka sadayana
   
   
   
  Hampura
   
   
  Wassalam
   
   Dudi Mulyadi Asgar 
   
   
    
---------------------------------
  Don't get soaked. Take a quick peek at the forecast 
with theYahoo! Search weather shortcut.  

         


Makarya Mawa Raharja

  
---------------------------------
Looking for earth-friendly autos? 
 Browse Top Cars by "Green Rating" at Yahoo! Autos' Green Center.  

Reply via email to