Wilujeng siang deui,...he he,..punten nembe ngawalon yeuh...malum internet ti bumi mah kedah rada dietang sesuai budget, he he.. Aya kujang nu langkung kolot, saurna periode Galuh, malih sateuacanna, nu rada husus, dina wangun panyepengna (gagang), biasana ngawangun wanara/ monyet anu cindukul, tina tarang wanara aya kaluar mangrupi kujang ciung. Saurna ieu aya hubunganana sareng lelegnda Ciung Wanara. Kujang nau ngora mah saurna ti periode Sumedang saparantos Pajajaran runtag, aya oge nu nyebat periode Cirebon. Rupi-rupi kujang : kujang ciung (siga manuk ciung), kujang jago (hayam jago), kujang kuntul, kujang bangkong, kujang badak, kujang pangarak. Upami ningal rupi-rupi kujang (tina gambar) koleksi Hazeu, koleksi Rouffaer, sareng koleksi Hurgronje, memang katingal buhun pisan. Kitu deui keris Pajajaran, rada benten dina gagangna, ceperna henteu sajajar sareng kerisna, tapi sabalikna, upami ditelek-telek memang sapertos wanara cindukul. gambar ieu saurna kujang buhun, mangga we tingal gagangna, sareng karakter bahan (ieu mah sanes ceuk sim kuring tapi saur nu masihan gambar) Perkawis munuu, wios lah urang jelaskeun sahinasna we....he he...tadina mah sugan we aya basa indonesia anu sami hartosna sareng sakecap.
----- Original Message ----- From: brad porenges To: [email protected] Sent: Wednesday, March 28, 2007 2:11 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Kujang, saeh jeung basa Sunda Wilujeng siang Ua, Upami teu lepat anu ngabewarakeun wirehna di tatar sunda aya empu Anjani/Hanjani? teh dina buku khusus "perkerisan" karangan urang Solo, hilap deui judul sareng nami nu nyeratna. Oge hilap deui tipe keris urang Sunda, duka lup 9 atanapi lup 13. Di Jawa mah aya duanana. Ngan keur abdi jadi mucunghul rupa2 ka panasaran. Keris teh asalna timana? ti Jawa, Sunda atawa ti luar pulo Jawa? Ari Kujang kumaha lalakona, bener boga karuhun urang baheula atawa karek anyar? Kataji ku perkawis kecap munuu, abdi resep kanu munuu..munuu teh Wa :) Gening aya babasan nu kieu unina: "disampakeun bakakak nu ngadangkak, bolu nu munuu". "Bolu meni munuu kitu!" sareng "Ceples apeum euy, munuu!". Upami kecap "munuu" sami hartosna sareng kecap "muncugug"? Dina bahasa Indonesia "sangeunahna" panginten tiasa oge ngangge kecap "menggunung" atanapi dina "peristilahan" kaca eunteung(cermin) atanapi lensa aya kecap "cembung" sareng "cekung". Munuu langkung condong ka cembung panginten. Panginten kitu oge! porenges
<<attachment: Kujang_Buhun_0019.jpg>>

