Ah si akang mah maos teh beut sapotong-sapotong, atuh janten ical konteksna.
   
  Henteu aya anu lepat dina seratan Dr. Edi S. Ekajati. Salian negeskeun batas 
wilayah Sunda sacara historis nganggo referensi Bujangga Manik, anjeunna oge 
negeskeun batas wilayah Sunda ngango referensi kesamaan budaya tradisi lisan 
sareng tulisan ngeunaan ”Ciung Wanara sareng legenda Cipamali” antawis urang 
Jabar sareng urang Jateng bagian kulon leupas tina leres henteuna jujutan Ciung 
Wanara. Dina hal ieu, Dr. Edi S. Ekajati ngutip pantun ”Ciung Wanara” anu 
nyarioskeun tarungna dua sadulur Ciung Wanara sareng Hariang Bangga anu 
ditungtungan ku dibagina wilayah dumasar kana walungan Cipamali. Cobi saha anu 
gaduh pantun Ciung Wanara, sanggakeun ka ieu milis supados langkung jelas.
   
  Wassalam,
  Asep
   
  NB:
   
  Dumasar kana tradisi lisan, memang jujutan Ciung Wanara masih kedah 
ditalungtik kumargi aya kanyataan sajarah anu benten:
   
  1.                Numutkeun pantun Sunda, Ciung Wanara anu ka kulon, 
sedengkeun Haring Banga anu ka wetan.
  2.                Numutkeun tradisi lisan Jawa, Ciung Wanara anu ka wetan 
sedengkeun Aryo Bongo anu ka kulon.
  3.                Numutkeun tradisi lisan Jawa, Ciung Wanara teh sami sareng 
Jaka Sususruh anu ngadegkeun karajaan Majapait.
   
  Janten kahiji urang Jabar sareng urang Jawa parebut karuhun. Urang Sunda 
ngaku Ciung Wanara (putra permaisuri) sabage raja Sunda, urang Jawa ngaku Ciung 
Wanara sabage raja Majapait; pada henteu ngaku Hariang Banga (putra selir) 
sabage karuhun.
   
  4.                Saurna numutkeun naskah Wangsakerta, taun kajadiannana ... 
(ah mangga nyanggakeun kaahlina; bilih lepat nulis da bribados mah icikibung 
dina widang teknik telekomunikasi sanes widang sajarah sareng  budaya, mung 
resep pisan kana sajarah).
  

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Baraya, hayang nanya. Ieu mah bisi tapsiran maca kuring salah. Dina buku (nu 
poho deui judulna hehe) disebutkeun yen Ciung Wanara jeung Hariang Banga teh 
tokoh sajarah. Mun teu salah anak-anakna Rahyang Tamperan. Rahyang Tamperan ieu 
ngawasa dua karajaan nu samemehna misah, Sunda jeung Galuh. Sanggeus Rahyang 
Tamperan maot nya ieu karajaan teh kabagi deui jadi dua. Hariang Banga ngawasa 
di karajaan beulah kulon, Sunda. Ciung Wanara ngarajaan daerah beulah wetan, 
Galuh. Watesna mun (deui-deui) teu salah maca mah walungan Citarum. 

tah pananya sikuring mah, naha sumber nu dibaca ku kuring beda jeung beja ti 
kang asep? mana nu bener?

dh


On 4/8/07, Asep Hadiyana < [EMAIL PROTECTED]> wrote:                            
         
Secara budaya batas wilayah itu terekam dalam tradisi lisan dan tradisi tulis 
tentang Ciung Wanara. Pertarungan Ciung Wanara dengan Hariang Bangga yang 
bersaudara itu diakhiri atas dasar kesadaran kedua belah pihak, setelah Hariang 
Bangga terlempar ke seberang sungai. Masalahnya (perebutan tahta kerajaan) 
diatasi dengan membagi pulau Jawa menjadi dua wilayah kekuasaan. Tanah sunda di 
bagian barat menjadi kekuasan Ciung Wanara dengan nama kerajaan Pajajaran dan 
tanah jawa di bagian timur menjadi bagian Hariang Bangga dengan kerajaan 
bernama majapahit.  




_,___  
        



-- 
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com .  deha.wordpress.com 
     
                       

 
---------------------------------
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.

Kirim email ke