Baraya...,
ngiring nambihan ah....perkawis masbuk anu teu sempet maca surat Al-fatihah
numutkeun naon anu pernah ku sim abdi kabaca dina buku pangajaran sholat
karangan  A.Hasan tetep kedah nambih rakaat kakuranganana margi bacaan surat
Al-fatihah dina sholat mangrupakeun bacaan wajib, sok sanaos urang sempet
ngiring ruku.
Terus lamun urang jadi ma'mum dina waktu imam maca surat Al-fatihah urang
oge kudu ngilu bareng maca surat al-fatihah, ngan lamum imam dijaharkeun
(jelas/ditarikeun)  sedengkeun ma'mum disirkeun (dijero hate' teu kaluar
sora) ieu ngama'mum dina sholat maghrib, isya sareng subuh.

sakitu nurutkeun pamendak sim abdi mah, punten bilih aya anu teu sapagodos
salajeungna mah mangga nyanggakeun kana kayakinan masing-masing mana
sakirana anu cocok/loyog sareng kayakian masing-masing. nuhun.

"kkbm'69"

Reply via email to