Assalammu'alaikum Wr.Wb
Sampurasun

Alhamdulillah iber perkawis pajemuhan anu badé lumangsung di Wisma
Unpad parantos katampi. Mugia baé acarana tiasa lumangsung kalayan
lungsur-langsar, kénging rido Nu Maha Kawasa geusan ngahontal udagan
tur cita-cita wargi sadaya nu micinta Ki Sunda. Bingah tur reueus ka
para inohong anu salawasna teu weléh merjoangkeun kabudayaan Sunda
kalayan pok bari prakna, siga Pangersa Prof. Dr. Ganjar Kurnia, DEA,
Pangersa Bapa Hidayat Suryalaga, Pangersa Kang Ahmad Gibson
Al-Bustomi, Pangersa Kang Dingding Haérudin, M.Pd., Pangersa Apih
Sidik, sareng seueur deui nu sanésna. Ku kituna, tangtos baé simkuring
kalintang ngarojongna kana ieu kagiatan. 

Serat anu dikintun ka simkuring téh sumpingna ti Kang Oman. Nanging,
patali Kang Oman nyebatkeun wawakil ti panitia, ieu waleran simkuring
ogé ditujukeun kanggo panitia. Simkuring henteu ngatasnamikeun sasaha,
éstuning kereteg simkuring pribadi anu tiasa janten saukur janten
dogdog pangréwong.

Perkawis jejer anu baris dipadungdengkeun, kalintang lumbrahna upami
seueur nu naroskeun. Margi, ari badé paguneman, padungdengan, diskusi,
atanapi sawala mah saéna kedah ditangtoskeun heula naon anu badé
didamel jejerna supados mokus. Komo deui panitia tos langkung uninga,
yén kabudayaan téh lega ambahanana (simkuring nembé nguping kecap:
wengkuanana). 

Janten, supados teu mancawura, nya saéna kedah mokus. Anu langkung
utami, supados peserta anu badé ngaluuhan gempungan téh, saperti
simkuring, sakirang-kirangna mekel bahan kanggo paguneman.

Panitia nyebatkeun "sok sanajan ukur ngawangkong malah ukur nepi ka
ngabuntut bangkong sareng anu parantos puguh idek liherna atanapi
icikibungna dina kabudayaan di darat; oge silaturahim papada anu
sasari aktif di internet."

Ku ngaos éta seratan, aya kahanjelu simkuring. Acara anu baris
diluuhan ku inohong pinunjul, naha ukur ngararancang wangkongan nu
baris ngabuntut bangkong? Siga anu henteu optimis, henteu sumanget,
malah nyaketan kana pesimis. Padahal ari rarancang mah kedah sing
asak, sumanget, optimis, ulah kalah miharep ngabuntut bangkong. Lebar
kabina-bina upami para inohong anu sakitu sumangetna, dibagéakeun ku
sikep panitia anu henteu optimis.

Tina jejer kahiji anu didadarkeun ku panitia, simkuring henteu mendak
jejer nanaon. Da ari perkawis silaturahmi mah otomatis, salaku umat
Islam, dimana baé aya gempungan tangtos baé sakaligus silaturahmi.
Malah ieu serat simkuring ogé hakékatna mah mugia sing janten silaturahmi.

Jejer anu kadua, anu kaunggel ku panitia: "aya kereteg ti sababaraha
dulur anu di internet, kahayang nyieun riungan anu maneuh ka hareup,
upamana bulanan, pikeun nyieun garapan-garapan anu rada nerus tur
puguh tuturusna enggoning ngalahirkeun tatapakan sumbangan keur
masyarakat oge pamarentah (Jabar khususna, jembarna RI) dina widang
kabudayaan ku cara nyieun pajemuhan antara "anu diinternet" sareng
"anu di darat" tea. Anapon naon kurikulumna atawa agenda eta
unggal-unggal pajemuhan maneuh teh (sakadang) justru eta anu
diantarana bade dipadungdengkeun dina riungan ping 3 Pebruari 2008.
Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah, jejer riungan teh justru keur
maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh anu haladir pikahareupeun."

Ku ngaos éta seratan, balaka baé, numutkeun simkuring mah pabeulit
(boa kétang simkuring anu kirang calakan mesékna). Nu karampa ku
simkuring mah:
1. Panitia badé nampung aspirasi warga internét nu hoyong ngawangun
riungan maneuh, upamana sasasih sakali (kalintang saéna). 

2. Eta riungan téh rarancangna badé ngadamel garapan-garapan anu rada
nerus tur écés tuturusna enggoning ngalahirkeun tatapakan sumbangan
kanggo masarakat sareng pamaréntah (Jabar hususna, jembarna RI) dina
widang kabudayaan.

3. Ari carana kumaha? Nya carana téh, masih numutkeun panitia: "ku
cara ngadamel pajemuhan antara 'anu di internét' sareng 'anu di darat'
téa.

4. Naon baé garapan pajemuhan téh? Saur panitia, "Anapon naon
kurikulumna atawa agenda eta unggal-unggal pajemuhan maneuh teh
(sakadang) justru eta anu diantarana bade dipadungdengkeun dina
riungan ping 3 Pebruari 2008. Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah,
jejer riungan teh justru keur maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh
anu haladir pikahareupeun."

Duka naon maksadna kecap "sakadang" mah. Nu écés, sasarina kecap
"Sakadang" sok dipasangkeun sareng Kuya, Mencek, Maung, anatapi paling
banter ogé sok dianggo "gelar payun" kanggo  mitoha, dina dongéng Si
Kabayan. 

Leupas tina pasualan "sakadang", kacindekanna tina dadaran panitia téh
rupina jejer gempungan kaping 3 Pébuari 2008 téh, diantarana badé
nyusun jejer riungan maneuh. Kumargi aya kecap "diantarana", hartosna
éta jejer téh mung sabagéan tina jejer poko. Naon atuh jejer anu
pokona? Rupina, panitia teu acan panceg nyepeng jejer anu poko, sanés
"henteu tiasa mayunkeun jejer atawa tema riungan leuwih ti anu kasebut
di luhur". 

Mémang diaku ku panitia, yén: "Teu aya sanes kituna teh inggis ku
bisi, rempan ku lengkah, palalaur anu kasorang jauh taneuh ka langit
tinimbang anu dipimaksud lian ti anu kaceluk tadi di luhur. Eta oge
rada hariwang, sieun dua anu geus disebutkeun tadi teh teu kahontal.
Neda pangrojongna wae ti sadayana."  (dirojong mah tangtos baé,
nanging paribasa 'jauh tanah ka langit' kirang merenah dilarapkeun
kana éta kalimah)

Janten, panitiana henteu optimis sareng seueur kainggis. Malah
katingali asa-asana téh, dina serat anu unina "pikeun nyieun
garapan-garapan anu rada nerus tur puguh". Di dinya aya kecap "rada".
Hartosna satengah-satengah. Antara "nerus" sareng "henteu nerus",
atanapi antara "puguh" sareng "teu puguh" babandinganana téh 50-50,
margi aya kecap "rada". Naha panitia henteu nyingkahkeun éta kecap
"rada", supados jéntré katingali optimis sareng sumangetna?

Pamungkasna, patali serat anu katampi téh atas nami panitia "Pajemuhan
Nepungkeun nu Giat dina Kabudayaan antara nu di Darat jeung nu di
Internet", mugia ka payunna mah ngadamel serat téh sing leres, teu
kénging wawayagon siga kitu. Badé kumaha ngararancang kagiatan
kabudayaan Sunda, bet basa Sunda anu dianggo ku panitiana ogé (dina
serat) sanés picontoeun. 

Simkuring saleresna tara geureuhan kana basa Sunda dina serat, upami
éta serat téh sumpingna ti kabogoh, calon kabogoh, tilas kabogoh,
réréncangan, atanapi ti saha baé nu sipatna obrolan biasa. Tapi apan
ieu mah serat resmi ti panitia nu bakal ngagelar acara penting. Saéna,
panitia ngarékrut nonoman kanggo juru serat, upamina murid Pangersa
Kang Ganjar ti Sastra Unpad, atanapi murid Pangersa Kang Dingding ti
Pensatrada UPI, anu katingalina bakal kalintang bingaheun dipiwarang
ngokolakeun serat-serat basa Sunda nu merenah. Atuh di Kusnét ogé apan
seueur nu tiasa dipuntangan kanggo ngadamel serat baé mah. Kang Yaya
di Koréa, kirang kumaha basa Sundana, numawi carponna kapeunten janten
Carpon Pinilih Manglé. Néng Pupi ti Sastra Unpad, asa moal nampik tur
moal nuhunkeun honor upami dipiwarang ngadamel serat. Komo Pangersa Ua
Sas anu sakitu rancagéna.

Sakitu anu kapihatur. InsyaAlloh simkuring badé ngaluuhan éta
pajemuhan, sanaos moal langkung ti ngabandungan, da simkuring mah
henteu ngaraos kalebet anu giat dina makayakeun kabudayaan, boh di
internét, pon pilalagi di darat. Upami disebat micinta mah tangtos
leres, simkuring kacida micinta kabudayaan Sunda, tapi henteu acan
kalebet giat. Demi pajemuhan ping 3 Pébuari mah, apan badé "Nepungkeun
nu Giat dina Kabudayaan antara nu di Darat jeung nu di Internet".
Janten, anu henteu giat mah otomatis henteu kalebet (sanés kitu?). 

Pamungkasna, hapunten bilih aya kekecapan nu kirang merenah. Mugia
kama'lum ku sadayana, da simkuring sanés ahlina. Sakali deui, mugia
acarana tiasa lungsur-langsar tur aya dina karidoan Alloh SWT, amiiin. 

Hurip Sunda! 
Kusnét Muga Jaya Salamina!
Ngalanglang Jomantara Sastra Sunda UNPAD!
Ngalingling Wiati Pensatrada UPI!

Wassalammu'alaikum Wr.Wb

Baktosna
Dhipa Galuh Purba
galuh-purba.com




Fri, 1 Feb 2008 00:25:51 -0800 (PST)
From:   Send an Instant Message "oman abdurrahman" <[EMAIL PROTECTED]>
 Add Mobile Alert
Yahoo! DomainKeys has confirmed that this message was sent by
yahoo.com. Learn more
Subject:        Cios sakalian ngukuhkeun uleman pajemuhan ping 3 Pebruari
2008 jam 2 sore - Sareupna-->Re: Sawala Bulanan Kusnet

Sinareng hormat
 
Seja ngawartosan deui sakalian ngukuhkeun iber yen pajemuhan Kusnet
anu direncanakeun kaping 3 Pebruari 2008, tbh 14.00 dugi ka rengse (kl
sareupna, pk. 18.00) teh cios. Mugia sadayana anu tos ngiberan, boh
via email, sms, chatting atawa telepon langsung, yen paheut bade
sumping, tiasa sumping dina waktosna, teu aya pamengan naon-naon. Ka
baraya anu nembe diwartosan danget ieu, hapuntenna bilih panitia telat
nya ngawartosan, sareng sami, diantos pisan kasumpinganana.
 
- Jejer Pajemuhan
 
Seueur anu naroskeun ka panitia, bo via sms atawa chatting, naon cenah
jejer atawa tema riungan ping 3 Pebruari 2008 teh? Waleran ti panitia,
sakumaha parantos didugikeun dina email-email ti payun, jejer riungan
teh anu utamana mah aya dua. Anu kahiji, seja silaturahim diantara
urang sadaya, bil khusus silaturahim antara anu biasa madungdengkeun
perkara kabudayaan (kabudayaan tea lega wengkuanana), sok sanajan ukur
ngawangkong malah ukur nepi ka ngabuntut bangkong sareng anu parantos
puguh idek liherna atanapi icikibungna dina kabudayaan di darat; oge
silaturahim papada anu sasari aktif di internet.
 
Jejer anu kadua, aya kereteg ti sababaraha dulur anu di internet,
kahayang nyieun riungan anu maneuh ka hareup, upamana bulanan, pikeun
nyieun garapan-garapan anu rada nerus tur puguh tuturusna enggoning
ngalahirkeun tatapakan sumbangan keur masyarakat oge pamarentah (Jabar
khususna, jembarna RI) dina widang kabudayaan ku cara nyieun pajemuhan
antara "anu diinternet" sareng "anu di darat" tea. Anapon naon
kurikulumna atawa agenda eta unggal-unggal pajemuhan maneuh teh
(sakadang) justru eta anu diantarana bade dipadungdengkeun dina
riungan ping 3 Pebruari 2008. Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah,
jejer riungan teh justru keur maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh
anu haladir pikahareupeun.
 
Baraya sadaya, hapuntenna ti panitia henteu tiasa mayunkeun jejer
atawa tema riungan leuwih ti anu kasebut di luhur. Teu aya sanes
kituna teh inggis ku bisi, rempan ku lengkah, palalaur anu kasorang
jauh taneuh ka langit tinimbang anu dipimaksud lian ti anu kaceluk
tadi di luhur. Eta oge rada hariwang, sieun dua anu geus disebutkeun
tadi teh teu kahontal. Neda pangrojongna wae ti sadayana.
 
- Tetengger Runtuyan Acara
 
Pikeun tetengger acara pajemuhan, kirang langkungna tiasa kadugikeun
sarupi kieu (bisi diperlukeun wae ieu mah keur ancer-ancer):
 
"Agenda Pajemuhan Nepungkeun nu Giat dina Kabudayaan antara nu di
Darat jeung nu di Internet" (judul kirang langkungna)
 
14.00 - 14.10  Bubuka ku panitia, doa pamuka
14.15 - 14.30  Pangbagea ti sohibul bet kersana Kang Ganjar Kurnia
14.30 - 15.00  Presentasi ti Kusnet ngeunaan potensi dunya internet
keur dokumentasi karya budaya + wikipedia Sunda + Unicode (anu akhir:
tentatif)
15.00 - 15.20  Istirahat, sholat Ashar
15.20 - 16.30  Pamairan atawa pangbagea ti para narasumber (anu
giat/icikibung dina kabudayaan anu midengna "di darat"; kirang
langkung 7-an @ 10 menit)
16.30 - 17.30  Maheutkeun agenda riungan maneuh pikahareupeun lengkep
sareng agendana (upami peryogi ngadamel beungkeutanana nya katut ka
nami jeung wangun eta beungkeutan)
17.30 - 18.00  Kacindekan sareng kecap pamungkas acara, doa panutup
 
- Anu bade Sarumping
 
Sawatara ieu anu parantos nyatujuan bade sumping kana acara ping 3
Pebruari 2008 sakumaha kasebut diluhur tos aya kana 20 urangna,
diantarana 7-10 urang ti para narasumber ("anu ti darat" tea) sareng10
dugi ka 13 urang "anu ti internet" tea. Pamugi wae sadayana teu aya
halangan harungan, tiasa sumping dina waktosna.
 
- Panutup
 
Rupina sakitu wae iber anu akhir ti si kuring salaku wawakil ti
panitia patali sareng rencana pajemuhan ping 3 Pebruari 2008 di Wisma
Unpad, Jl. Cimandiri No. 14, Bandung. Pamugi Gusti anu Maha Kawasa
tiasa nepangkeun urang sadaya dina pamaksudan anu sae. Mugia wae
tepunglawung urang engke ping 3 Pebruari 2008 kaparengkeun keuna kana
babasan, malati lingsir ku wanci, campaka medal na mangsana.  Billahi
taufik wal hidayah.  
 
Cag.
 
Baktosna,
manAR











Kirim email ke