Hapunten ka kang Oman oge panitia sanesna, si kuring teu tiasa ngaluuhan
acara pajemuhan. Kamari mah alesanana teh nyaeta nuju ngadamel tugas ti
sakola-perkawis estetika sunda tea- padahal rarasaan karek ge asup, geus
kudu nyieun paper.

kanggo ngeuyeuban bahan, Insya alloh bade ngulem narasumber kanggo ngabahas
eta, bade ditandean ku si kuring di pusat studi sunda. insya alloh, jumaah
15 februari jam 2an siang. Narasumberna:

1. Abah Surya kanggo estetika sunda umum,

2. kang Roza Mintareja kanggo arsitektur.

Kapayun insya alloh kang tedi perkawis kujang, oge narasumber sanesna. urang
ondang pembimbingna sakalian. heuheu.

ka bah Willy, iraha bah bade ka Sumedang? upami bade ajak abdi nya. heuheu.
bade nyimpang ka museum Geusan Ulun, teras maluruh bumi tilas bupati bandung
nu urang sumedang, Martanagara, manawi tiasa dipotret sareng ditoong
lebetna.

Aya buku dua kardus kintunkeuneun ka jampang teu acan. Ka teh Imas, wayahna
nya. Rada lami, da ongkoh danana paciwit-ciwit lutung. Tos aya nu ngantos
ukeun dikirim deui ti garut, oge aya tempat enggal guru di garut oge, balad
kang Deny Suwarja.



Alesan ka dua teu tiasa ngaluuhan, nyaeta panyawat lami nu matuh mucunghul
deui, sabot pindah ka cihideung, seueur kembang, jorojoy panyawat ngalukis
mucunghul deui. Atuh ngumaha ka indung budak, hayang kanvas, ari cet
akrilikna mah aya, oleh2 Abah Joe ti New York (nuhun pisan Bah Joe, nembean
yeuh ngangge cet made in amrik, biasana mun teu walanda, china) sareng sesa
kapungkur. Kanu bade noong aya di http://mangjamal.multiply.com/paintings


Dinten minggu kamari teh teu emut ongkoh, n milarian novel munggaran karya
sobat, Jurie G. Jarian, saurna tos medal ku mizania, grup mizan. Kaget oge,
judulna di robah, asalna Darul, jadi Opik Sok Cool, nih! Heuheu. Sigana
pedah eusina komedi roman, bari nyaritakeun teroris lokal. Nya milari di
pameran buku ikapi di landmark braga. Ngulibek pinuh ku jelema jeung buku.

Saur Jurie G Jarian, hatur nuhun cenah ka baraya kusnet nu namina tos kaci
ditambut dina novel eta, Soni Rosa, Deni Suwarja, Runa, Ajan Hudori, Ono
Taryono, Kumi Iskandar, jaradi tangtara nu numpes teroris. Heuheu. Gambar
jilid nebeng di http://mangjamal.multiply.com/bukuku




-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Reply via email to