Waa'alikumsalam
tiasa uninga teu nu ti milis saha wae nu dongkap?
punten yeu abdi telat macana maklum tos 2 minggon langkung
tapa heula di Cilegong

baktos
Agus Pakusarakan

On Sat, Feb 2, 2008 at 12:09 PM, dhipagaluh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Assalammu'alaikum Wr.Wb
> Sampurasun
>
> Alhamdulillah iber perkawis pajemuhan anu badé lumangsung di Wisma
> Unpad parantos katampi. Mugia baé acarana tiasa lumangsung kalayan
> lungsur-langsar, kénging rido Nu Maha Kawasa geusan ngahontal udagan
> tur cita-cita wargi sadaya nu micinta Ki Sunda. Bingah tur reueus ka
> para inohong anu salawasna teu weléh merjoangkeun kabudayaan Sunda
> kalayan pok bari prakna, siga Pangersa Prof. Dr. Ganjar Kurnia, DEA,
> Pangersa Bapa Hidayat Suryalaga, Pangersa Kang Ahmad Gibson
> Al-Bustomi, Pangersa Kang Dingding Haérudin, M.Pd., Pangersa Apih
> Sidik, sareng seueur deui nu sanésna. Ku kituna, tangtos baé simkuring
> kalintang ngarojongna kana ieu kagiatan.
>
> Serat anu dikintun ka simkuring téh sumpingna ti Kang Oman. Nanging,
> patali Kang Oman nyebatkeun wawakil ti panitia, ieu waleran simkuring
> ogé ditujukeun kanggo panitia. Simkuring henteu ngatasnamikeun sasaha,
> éstuning kereteg simkuring pribadi anu tiasa janten saukur janten
> dogdog pangréwong.
>
> Perkawis jejer anu baris dipadungdengkeun, kalintang lumbrahna upami
> seueur nu naroskeun. Margi, ari badé paguneman, padungdengan, diskusi,
> atanapi sawala mah saéna kedah ditangtoskeun heula naon anu badé
> didamel jejerna supados mokus. Komo deui panitia tos langkung uninga,
> yén kabudayaan téh lega ambahanana (simkuring nembé nguping kecap:
> wengkuanana).
>
> Janten, supados teu mancawura, nya saéna kedah mokus. Anu langkung
> utami, supados peserta anu badé ngaluuhan gempungan téh, saperti
> simkuring, sakirang-kirangna mekel bahan kanggo paguneman.
>
> Panitia nyebatkeun "sok sanajan ukur ngawangkong malah ukur nepi ka
> ngabuntut bangkong sareng anu parantos puguh idek liherna atanapi
> icikibungna dina kabudayaan di darat; oge silaturahim papada anu
> sasari aktif di internet."
>
> Ku ngaos éta seratan, aya kahanjelu simkuring. Acara anu baris
> diluuhan ku inohong pinunjul, naha ukur ngararancang wangkongan nu
> baris ngabuntut bangkong? Siga anu henteu optimis, henteu sumanget,
> malah nyaketan kana pesimis. Padahal ari rarancang mah kedah sing
> asak, sumanget, optimis, ulah kalah miharep ngabuntut bangkong. Lebar
> kabina-bina upami para inohong anu sakitu sumangetna, dibagéakeun ku
> sikep panitia anu henteu optimis.
>
> Tina jejer kahiji anu didadarkeun ku panitia, simkuring henteu mendak
> jejer nanaon. Da ari perkawis silaturahmi mah otomatis, salaku umat
> Islam, dimana baé aya gempungan tangtos baé sakaligus silaturahmi.
> Malah ieu serat simkuring ogé hakékatna mah mugia sing janten silaturahmi.
>
> Jejer anu kadua, anu kaunggel ku panitia: "aya kereteg ti sababaraha
> dulur anu di internet, kahayang nyieun riungan anu maneuh ka hareup,
> upamana bulanan, pikeun nyieun garapan-garapan anu rada nerus tur
> puguh tuturusna enggoning ngalahirkeun tatapakan sumbangan keur
> masyarakat oge pamarentah (Jabar khususna, jembarna RI) dina widang
> kabudayaan ku cara nyieun pajemuhan antara "anu diinternet" sareng
> "anu di darat" tea. Anapon naon kurikulumna atawa agenda eta
> unggal-unggal pajemuhan maneuh teh (sakadang) justru eta anu
> diantarana bade dipadungdengkeun dina riungan ping 3 Pebruari 2008.
> Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah, jejer riungan teh justru keur
> maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh anu haladir pikahareupeun."
>
> Ku ngaos éta seratan, balaka baé, numutkeun simkuring mah pabeulit
> (boa kétang simkuring anu kirang calakan mesékna). Nu karampa ku
> simkuring mah:
> 1. Panitia badé nampung aspirasi warga internét nu hoyong ngawangun
> riungan maneuh, upamana sasasih sakali (kalintang saéna).
>
> 2. Eta riungan téh rarancangna badé ngadamel garapan-garapan anu rada
> nerus tur écés tuturusna enggoning ngalahirkeun tatapakan sumbangan
> kanggo masarakat sareng pamaréntah (Jabar hususna, jembarna RI) dina
> widang kabudayaan.
>
> 3. Ari carana kumaha? Nya carana téh, masih numutkeun panitia: "ku
> cara ngadamel pajemuhan antara 'anu di internét' sareng 'anu di darat'
> téa.
>
> 4. Naon baé garapan pajemuhan téh? Saur panitia, "Anapon naon
> kurikulumna atawa agenda eta unggal-unggal pajemuhan maneuh teh
> (sakadang) justru eta anu diantarana bade dipadungdengkeun dina
> riungan ping 3 Pebruari 2008. Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah,
> jejer riungan teh justru keur maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh
> anu haladir pikahareupeun."
>
> Duka naon maksadna kecap "sakadang" mah. Nu écés, sasarina kecap
> "Sakadang" sok dipasangkeun sareng Kuya, Mencek, Maung, anatapi paling
> banter ogé sok dianggo "gelar payun" kanggo mitoha, dina dongéng Si
> Kabayan.
>
> Leupas tina pasualan "sakadang", kacindekanna tina dadaran panitia téh
> rupina jejer gempungan kaping 3 Pébuari 2008 téh, diantarana badé
> nyusun jejer riungan maneuh. Kumargi aya kecap "diantarana", hartosna
> éta jejer téh mung sabagéan tina jejer poko. Naon atuh jejer anu
> pokona? Rupina, panitia teu acan panceg nyepeng jejer anu poko, sanés
> "henteu tiasa mayunkeun jejer atawa tema riungan leuwih ti anu kasebut
> di luhur".
>
> Mémang diaku ku panitia, yén: "Teu aya sanes kituna teh inggis ku
> bisi, rempan ku lengkah, palalaur anu kasorang jauh taneuh ka langit
> tinimbang anu dipimaksud lian ti anu kaceluk tadi di luhur. Eta oge
> rada hariwang, sieun dua anu geus disebutkeun tadi teh teu kahontal.
> Neda pangrojongna wae ti sadayana." (dirojong mah tangtos baé,
> nanging paribasa 'jauh tanah ka langit' kirang merenah dilarapkeun
> kana éta kalimah)
>
> Janten, panitiana henteu optimis sareng seueur kainggis. Malah
> katingali asa-asana téh, dina serat anu unina "pikeun nyieun
> garapan-garapan anu rada nerus tur puguh". Di dinya aya kecap "rada".
> Hartosna satengah-satengah. Antara "nerus" sareng "henteu nerus",
> atanapi antara "puguh" sareng "teu puguh" babandinganana téh 50-50,
> margi aya kecap "rada". Naha panitia henteu nyingkahkeun éta kecap
> "rada", supados jéntré katingali optimis sareng sumangetna?
>
> Pamungkasna, patali serat anu katampi téh atas nami panitia "Pajemuhan
> Nepungkeun nu Giat dina Kabudayaan antara nu di Darat jeung nu di
> Internet", mugia ka payunna mah ngadamel serat téh sing leres, teu
> kénging wawayagon siga kitu. Badé kumaha ngararancang kagiatan
> kabudayaan Sunda, bet basa Sunda anu dianggo ku panitiana ogé (dina
> serat) sanés picontoeun.
>
> Simkuring saleresna tara geureuhan kana basa Sunda dina serat, upami
> éta serat téh sumpingna ti kabogoh, calon kabogoh, tilas kabogoh,
> réréncangan, atanapi ti saha baé nu sipatna obrolan biasa. Tapi apan
> ieu mah serat resmi ti panitia nu bakal ngagelar acara penting. Saéna,
> panitia ngarékrut nonoman kanggo juru serat, upamina murid Pangersa
> Kang Ganjar ti Sastra Unpad, atanapi murid Pangersa Kang Dingding ti
> Pensatrada UPI, anu katingalina bakal kalintang bingaheun dipiwarang
> ngokolakeun serat-serat basa Sunda nu merenah. Atuh di Kusnét ogé apan
> seueur nu tiasa dipuntangan kanggo ngadamel serat baé mah. Kang Yaya
> di Koréa, kirang kumaha basa Sundana, numawi carponna kapeunten janten
> Carpon Pinilih Manglé. Néng Pupi ti Sastra Unpad, asa moal nampik tur
> moal nuhunkeun honor upami dipiwarang ngadamel serat. Komo Pangersa Ua
> Sas anu sakitu rancagéna.
>
> Sakitu anu kapihatur. InsyaAlloh simkuring badé ngaluuhan éta
> pajemuhan, sanaos moal langkung ti ngabandungan, da simkuring mah
> henteu ngaraos kalebet anu giat dina makayakeun kabudayaan, boh di
> internét, pon pilalagi di darat. Upami disebat micinta mah tangtos
> leres, simkuring kacida micinta kabudayaan Sunda, tapi henteu acan
> kalebet giat. Demi pajemuhan ping 3 Pébuari mah, apan badé "Nepungkeun
> nu Giat dina Kabudayaan antara nu di Darat jeung nu di Internet".
> Janten, anu henteu giat mah otomatis henteu kalebet (sanés kitu?).
>
> Pamungkasna, hapunten bilih aya kekecapan nu kirang merenah. Mugia
> kama'lum ku sadayana, da simkuring sanés ahlina. Sakali deui, mugia
> acarana tiasa lungsur-langsar tur aya dina karidoan Alloh SWT, amiiin.
>
> Hurip Sunda!
> Kusnét Muga Jaya Salamina!
> Ngalanglang Jomantara Sastra Sunda UNPAD!
> Ngalingling Wiati Pensatrada UPI!
>
> Wassalammu'alaikum Wr.Wb
>
> Baktosna
> Dhipa Galuh Purba
> galuh-purba.com
>
> Fri, 1 Feb 2008 00:25:51 -0800 (PST)
> From: Send an Instant Message "oman abdurrahman" <[EMAIL 
> PROTECTED]<o_arahman%40yahoo.com>
> >
> Add Mobile Alert
> Yahoo! DomainKeys has confirmed that this message was sent by
> yahoo.com. Learn more
> Subject: Cios sakalian ngukuhkeun uleman pajemuhan ping 3 Pebruari
> 2008 jam 2 sore - Sareupna-->Re: Sawala Bulanan Kusnet
>
> Sinareng hormat
>
> Seja ngawartosan deui sakalian ngukuhkeun iber yen pajemuhan Kusnet
> anu direncanakeun kaping 3 Pebruari 2008, tbh 14.00 dugi ka rengse (kl
> sareupna, pk. 18.00) teh cios. Mugia sadayana anu tos ngiberan, boh
> via email, sms, chatting atawa telepon langsung, yen paheut bade
> sumping, tiasa sumping dina waktosna, teu aya pamengan naon-naon. Ka
> baraya anu nembe diwartosan danget ieu, hapuntenna bilih panitia telat
> nya ngawartosan, sareng sami, diantos pisan kasumpinganana.
>
> - Jejer Pajemuhan
>
> Seueur anu naroskeun ka panitia, bo via sms atawa chatting, naon cenah
> jejer atawa tema riungan ping 3 Pebruari 2008 teh? Waleran ti panitia,
> sakumaha parantos didugikeun dina email-email ti payun, jejer riungan
> teh anu utamana mah aya dua. Anu kahiji, seja silaturahim diantara
> urang sadaya, bil khusus silaturahim antara anu biasa madungdengkeun
> perkara kabudayaan (kabudayaan tea lega wengkuanana), sok sanajan ukur
> ngawangkong malah ukur nepi ka ngabuntut bangkong sareng anu parantos
> puguh idek liherna atanapi icikibungna dina kabudayaan di darat; oge
> silaturahim papada anu sasari aktif di internet.
>
> Jejer anu kadua, aya kereteg ti sababaraha dulur anu di internet,
> kahayang nyieun riungan anu maneuh ka hareup, upamana bulanan, pikeun
> nyieun garapan-garapan anu rada nerus tur puguh tuturusna enggoning
> ngalahirkeun tatapakan sumbangan keur masyarakat oge pamarentah (Jabar
> khususna, jembarna RI) dina widang kabudayaan ku cara nyieun pajemuhan
> antara "anu diinternet" sareng "anu di darat" tea. Anapon naon
> kurikulumna atawa agenda eta unggal-unggal pajemuhan maneuh teh
> (sakadang) justru eta anu diantarana bade dipadungdengkeun dina
> riungan ping 3 Pebruari 2008. Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah,
> jejer riungan teh justru keur maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh
> anu haladir pikahareupeun.
>
> Baraya sadaya, hapuntenna ti panitia henteu tiasa mayunkeun jejer
> atawa tema riungan leuwih ti anu kasebut di luhur. Teu aya sanes
> kituna teh inggis ku bisi, rempan ku lengkah, palalaur anu kasorang
> jauh taneuh ka langit tinimbang anu dipimaksud lian ti anu kaceluk
> tadi di luhur. Eta oge rada hariwang, sieun dua anu geus disebutkeun
> tadi teh teu kahontal. Neda pangrojongna wae ti sadayana.
>
> - Tetengger Runtuyan Acara
>
> Pikeun tetengger acara pajemuhan, kirang langkungna tiasa kadugikeun
> sarupi kieu (bisi diperlukeun wae ieu mah keur ancer-ancer):
>
> "Agenda Pajemuhan Nepungkeun nu Giat dina Kabudayaan antara nu di
> Darat jeung nu di Internet" (judul kirang langkungna)
>
> 14.00 - 14.10 Bubuka ku panitia, doa pamuka
> 14.15 - 14.30 Pangbagea ti sohibul bet kersana Kang Ganjar Kurnia
> 14.30 - 15.00 Presentasi ti Kusnet ngeunaan potensi dunya internet
> keur dokumentasi karya budaya + wikipedia Sunda + Unicode (anu akhir:
> tentatif)
> 15.00 - 15.20 Istirahat, sholat Ashar
> 15.20 - 16.30 Pamairan atawa pangbagea ti para narasumber (anu
> giat/icikibung dina kabudayaan anu midengna "di darat"; kirang
> langkung 7-an @ 10 menit)
> 16.30 - 17.30 Maheutkeun agenda riungan maneuh pikahareupeun lengkep
> sareng agendana (upami peryogi ngadamel beungkeutanana nya katut ka
> nami jeung wangun eta beungkeutan)
> 17.30 - 18.00 Kacindekan sareng kecap pamungkas acara, doa panutup
>
> - Anu bade Sarumping
>
> Sawatara ieu anu parantos nyatujuan bade sumping kana acara ping 3
> Pebruari 2008 sakumaha kasebut diluhur tos aya kana 20 urangna,
> diantarana 7-10 urang ti para narasumber ("anu ti darat" tea) sareng10
> dugi ka 13 urang "anu ti internet" tea. Pamugi wae sadayana teu aya
> halangan harungan, tiasa sumping dina waktosna.
>
> - Panutup
>
> Rupina sakitu wae iber anu akhir ti si kuring salaku wawakil ti
> panitia patali sareng rencana pajemuhan ping 3 Pebruari 2008 di Wisma
> Unpad, Jl. Cimandiri No. 14, Bandung. Pamugi Gusti anu Maha Kawasa
> tiasa nepangkeun urang sadaya dina pamaksudan anu sae. Mugia wae
> tepunglawung urang engke ping 3 Pebruari 2008 kaparengkeun keuna kana
> babasan, malati lingsir ku wanci, campaka medal na mangsana. Billahi
> taufik wal hidayah.
>
> Cag.
>
> Baktosna,
> manAR
>
>  
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
-----------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com

Reply via email to