kang brad.....
naha kecap NUSANTARA lain siga ilaharna basa jawa sukuna OOO.....

meureun mun enya ti jawa mah kuduna NUSONTORO....

lamun aslina ti aceh mah siga na NUSENTEREH

tah lamun aslina ti padang boa NUSEUNTEUREU .... 

tah, matakna kuring mah boga kayakinan kecap NUSANTARA asli sunda....

duka kumaha sajarah na mah...
taroskeun ka ambu diana 

baktos.
maya.


brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               
Nu katangkep ku kuring tina acara "kupastuntas" tadi peuting:
   
  Langit Kresna leuwih milih jeung ngolotok ngaran-ngaran, neneh, gelar  Hayam 
Wuruk tibatan nerangkan naha Majapahit teu langsung nyerang ka Galuh jeung 
Pakuan mun enya sa-Nusantara( Nusantara: daerah patalukan Majapahit) geus aya 
dina  "beureum-bodas"(bahasa Langit Kresna: hijaunya) na Majapahit. Teuing 
ketang mun hartina Nusantara nu ditulis dina buku Pararaton jeung Negara 
Kertagama teh wewengkon nu kungsi dianjangan wungkul. 
   
  Cenah Galuh jeung Sunda geus muka dagang jeung bangsa sejen, sedengkeun Gajah 
Mada ngeunteung ka jaman Singasari, mangkana sa-nusantara kudu ngahiji da lamun 
henteu bakal ditalukkeun ku urang mongol tea. Ieu mah...alesan nu dijieun abad 
19 waktu ngalawan walanda. Jeung deuih....mun alesanna naklukeun Galuh, naha 
bet di golodog sorangan? Mun kamari George Bush waktu di Kebon Raya Bogor 
disantet  ku Ki Gedeng Pamungkas   utah paku, injuk jeung "uger" tepika 
henteuna, naha Amerika jadi patalukan Indonesia? 
   
  Ceuk kuring, Langit Kresna ngajawab "based on" sejarah Indonesia, lain 
nitenan  naha omongan urang Galuh sakitu kanyenyerianana saperti dina kidung 
Sundayana. Pan..kudu aya nu dikorbankeun meureun....teu ngarti wae! Teu kudu 
seuri wae...ceurik oge perlu komo batur mah, ngaranana oge hirup. Carita kudu 
hirup jeung manjang! 
   
  Parandene kitu, maneh ngaku yen "Kabeureuyan mah tara ku tulang munding tapi 
ku cucuk peda!".
   
  Hermawan katingali sahayuna,  boa-boa samemehna kudu ngapalkeun script, tapi 
sabaraha kali jawabanana hade sapertina anggapan teu meunang kawin jeung urang 
jawa. Nu hebring  ceuk kuring,  pamadegan Hermawan nyaeta niatna ngahijikeun 
urang Sunda jeung urang Jawa (menjembatani), nu sabenerna meureun  urang 
Majapahit kana pasualan ieu. 
   
  Bohong lamun di tatar sunda euweuh ngaran jalan Majapahit. Contona di 
Jakarta, Tangerang aya. Cacakan di Bandung oge aya, bengkel Gajah Mada di Jl. 
Lengkong Besar deukeut kampus Unpas gigireun jauh RM Cibiuk. Nu dihanjakalkeun 
teh ayeuna anggapan umum lolobana mun ngaku urang  Sunda identik jeung urang 
Bandung...diheueuhkeun deuih tibatan rada ngadodol yen tatar sunda teh lain 
Bandung wae. Mun bisa mah...ngadodolna ti saacan jaman es liur, meh rada 
enyay-enyayan yen urang Indonesia teh memang dulur ti baheula. 
   
  Sugan repeh rapih kertaraharja teh lain dina tulisan wungkul!
   
   
  siporenges
        

---------------------------------
Be a better friend, newshound, and  know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.
     
                               


Salam Baktos.

Mang Maya.

www.salakadomas.multiply.com
www.hasanmustapa.wordpress.com
www.kusnet.ning.com

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke