nu jadi pertanyaan kuring mah, naha nusantara nu dianggo jaman majapait abad
ka 14 teh nujul ka daerah kakawasaan majapait atawa ukur sebutan ka
kapulauan antara tea? juring hayang pisan maca hasil panalungtikan ngeunaan
pa edi eta atawa panalungtikan sajarahwan lianna ngeunaan nusantara ieu.
sugan we bisa ngajawab naha enya majapait ngawasa nusantara saperti nu
digembargemborkeun ku m yamin?

On Feb 14, 2008 12:36 PM, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   kang Maya,
>
> Dina bukuna Alm pak Edi Ekajati( buku: Sunda, Nusantara dan Indonesia),
> kecap Nusantara ngawitan dianggo jaman Majapahit pertengahan abad 14, keur
> nyebut daerah diluar Jawa. Mangga aos didieu www.pabukon.multiply.com
>
> Kecap Nusantara dipopulerkeun deui jaman Maltatuli-Walanda, kanggo nyebat
> alias Hindia-Belanda. Dugi ka ayeuna.
>
> Basa Jawa ayeuna nu reumbeuy ku huruf O pan beh dieu, upami teu lepat mah
> waktos jaman Mataram/Sultan Agung. Dina buku kagungan Rohmin Dahuri,
> ex-Metri Kelautan, Cirebon Nagara Bahari mah disebatkeun yen waktos jaman
> Mataram/Sultan Agung nu ngagentos huruf A janten O, pananggalan taun jawa nu
> didasarkeun taun Islam, unggah-ungguh basa sareng nu sanesna. Mung upami
> ditengetan jaman majapahit pan masih sami jeung di urang.
>
>
> siporenges
>
>
> ._,___
>



-- 
d-:
~karék cénah~

Kirim email ke