Wengi tadi teu ngahaja, tivi teh manteng di gelombang
stasiun TVRI. Alah, geuning aya Rektor UI AA Gum, Kang
Ery, Kang Acil, manggung sasarengan dina acara
"Lolongseran", anu dipandu ku Mi'ing sareng Denny
Project POP.
Jigana wae acara eta khusus di kemas dina hiji carios
(judulna hilap deui). Pamaenna teh aya Adang
Daradjatun, aya Dede Yusuf, sareng sajabina. Peranan
Adang Daradjatun janten raja, ari Dede Jusuf jadi
putra mahkota. Dialog-dialogna seueur humor politik
sagala, diantawisna Dede Jusuf ngaku jadi "Putra
Mahkota" can dilantik, dilantikna bulan Juni.
Muji kanu gaduh ide acara eta. Jigana eta acara teu
acan lami digagas, tapi jelas sanes acara langsung
(live). Jigana wae Rektor UI "kaseundeuhan" ku acara
eta. Soalna, mireng wartos ti salah sawios dosen,
Rektor UI nugaskeun ka Departemen Sastra Daerah/jawa
FIB UI, nugaskeun sangkan di UI diayakeun pagelaran
pagelaran Wayang orang. Departemen Sastra Daerah dina
ping 17 Mei baris ngayakeun acara Seminar & pagelaran
Wayang. Wayangna aya dua, kahiji wayang golek
(pagelaran ngan 2 jam), lalakonna Kumbakarna gugur,
dalangna Iwa Wiwaha ti Bogor. Kadua, pagelaran wayang
kulit Purwa, judul lalakona Anoman Duta dalangna Ki
Prasetyo Bayu Aji, putrana dalang kahot Ki Anom
Suroto.
baktos,
mrachmat uidipura
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ