Leres, anu dimaksad teh, niru-niru aktingna longser.
Da eta geuning dialog-dialog anu serieus
"disalenggorkeun" janten heureuy.
ari pamendak si kuring mah, ieu hiji potensi, kumaha
para "gegeden" Sunda dikempelkeun dina hiji carios
khas ala Sunda. Upami aya penulis skenario anu tiasa
ngadamel carios kalayan para pamaenna tokoh-tokoh
Sunda anu nuju jumeneng, pastina rame pisan. Sapertos
carios di Ektra Vagansa, atanapi "akhirna datang
juga". Ngarah para pajabat heunteu stres, sareng
variasi tina kagiatan rutinitas sadidinten.
baktos,
mrachmat uidipura
--- YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
---------------------------------
kecap "lolongseran", naha nu dimaksad teh acara nu
niru-niru akting-nalongser, atanapi sikap ceurik?
lolongseran niru-niru akting longser, panginten
sapertos halna urangngabasakeun niru-niru mobil janten
momobilan, niru-niru kuda jantenkukudaan. nya
niru-niru longser janten lolongseran.
tapi kecap lolongseran tos aya hartos sanes nyaeta
sikap ceurik[budak], biasana bari gogorentelan di
handap, dina taneuh atawatembok/tegel.
[biasana budak nu kahayangna teu ditedunan ku indungna
sok ceuriklolongseran].
hese geuning nya, basa sunda teh....?
salam,
yadi
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ