Manawi teh aya nu lolongseran, kokosodan di tvri, lantaran kantorna keur di 
ubrak abrik ku KPK, eh teu nyambungnya?? wios ah.....
brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Waduh lebar temen Kang, 
sanes eta maca judul acarana abdi mah 'tos nyerengeh bin imut "kantor jutawan". 
 hehe

Kecap lolongseran....antik jeung unik!

Wilujeng  ah.

siporenges 


Wengi tadi teu ngahaja, tivi teh manteng di gelombang
 stasiun TVRI. Alah, geuning aya Rektor UI AA Gum, Kang
 Ery, Kang Acil, manggung sasarengan dina acara
 "Lolongseran", anu dipandu ku Mi'ing sareng Denny
 Project POP.
 Jigana wae acara eta khusus di kemas dina hiji carios
 (judulna hilap deui). Pamaenna teh aya Adang
 Daradjatun, aya Dede Yusuf, sareng sajabina. Peranan
 Adang Daradjatun janten raja, ari Dede Jusuf jadi
 putra mahkota. Dialog-dialogna seueur humor politik
 sagala, diantawisna Dede Jusuf ngaku jadi "Putra
 Mahkota" can dilantik, dilantikna bulan Juni.
 
 Muji kanu gaduh ide acara eta. Jigana eta acara teu
 acan lami digagas, tapi jelas sanes acara langsung
 (live). Jigana wae Rektor UI  "kaseundeuhan" ku acara
 eta. Soalna, mireng wartos ti salah sawios dosen,
 Rektor UI nugaskeun ka Departemen Sastra Daerah/jawa
 FIB UI, nugaskeun sangkan di UI diayakeun pagelaran
 pagelaran Wayang orang. Departemen Sastra Daerah dina
 ping 17 Mei baris ngayakeun acara Seminar & pagelaran
 Wayang. Wayangna aya dua, kahiji wayang golek
 (pagelaran ngan 2 jam), lalakonna Kumbakarna gugur,
 dalangna Iwa Wiwaha ti Bogor. Kadua, pagelaran wayang
 kulit Purwa, judul lalakona Anoman Duta dalangna Ki
 Prasetyo Bayu Aji, putrana dalang kahot Ki Anom
 Suroto.



         

---------------------------------
Be a better friend, newshound, and  know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it 
now.  

       
---------------------------------
Sent from Yahoo! Mail.
A Smarter Email.

Kirim email ke