--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Magnet yang berkekuatan besar itu sampai sekarang masih misteri.

Dina urusan magnet Bumi, sabenerna mah bumi teh ngaluarkeun medan 
magnet, asalna teu pati jelas, ngan ceuk salah sahiji hipotesis dina 
inti bumi teh aya arus listrik alam nu "kukurilingan" nu 
ngakibatkeun mucunghulna medan magnet ( lir ibarat gulungan kawat 
tambaga nu dibere arus listrik). Akibat medan magnet ti jero ieu, 
kulit bumi nu beungeutna  (permukaan) ayeuna dicaricingan ku urang 
material-material kaimbas (kainduksi) tepi ka oge ngaluarkeun medan 
magnet tambahan (Persis siga beusi nu dideukeutkeun kana magnet, 
beusi ieu oge bakal ngaluarkeun medan magnet). Gedena medan magnet 
gumantung ku materialna. Lamun materialna ngandung sabangsa beusi, 
tambahan medan magnet bumi bakal nambahan gede.

Lamun aya material keuna imbas medan magnet, sanajan medan magnet nu 
ngimbasna geus euweuh atawa ngaleutikan, material ieu sakapeung 
tetep ngaluarkeun medan magnet, gumantung kana sifat materialna. Di 
alam aya batu-batu nu ngaluarkeun medan magnet sorangan, akibat 
kaimbas ku medan magnet, mangjuta-juta taun katukang. Elmu nu 
nyilidik sesa magnet ieu disebut "PALEOMAGNETISM"

Batu-batu nu ngaluarkeun medan magnet sorangan, umurna geus kolot, 
kapanggihna di batu-batu nu aya di benua. Di Indonesia moal 
kapanggih kulantaran umur batuanana umumna kaitung "ngarora" keneh.

Di Arab Saudi, kulantaran ayana di benua heubeul, mungkin wae aya 
batu nu ngandung medan magnet. Ngan masalahna naha eta medan magnet 
teh mani gede pisan tepi ka bisa narik beus?

Aya oge kamungkinan, Arab Saudi teh nagara beunghar, bisa wae nyewa 
para akhli jeung insinyur ti Barat keur nyiptakeun 
kaajabian "buatan". Sabab sabenerna mah lain hal nu aneh, kareta api 
super cepat make prinsip-prinsip medan magnet, lamun teu salah mah 
disebutna ge MAG-LEV kitu? Kang Budi, Kang Trias, Kang Tata Nur 
atawa Kang RH nu ngalalanjrek di LN sigana leuwih terang kumaha cara 
gawe ti Kareta Api Cepat ngamanfaatkeun Magnet ....

Baktos,
WALUYA
 


Kirim email ke