> "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Jadi bisa disebut efek paralax nya Bah? Enya, lamun medang magnet 
> mah kudu lumaku kana naon wae barang anu dijieunna tina logam. 
> Lamun mobil wae katarik, komo deui barang tina logam nu laleutik. 
> Alusna mah diilikan oge peta geologi eta wewengkon.

Leres Kang, ngan saleresna mah gampil ngabuktikeun aya henteuna medan 
magnet anu ageung mah, cobaan we ku sabangsa panitih, arloji, frame 
kacamata, duit coin ...jrrd katarik henteu. Da kabayang lamun enya eta 
gunung ngandung magnet anu ageung, mana teuing rimbilna ku barang 
lalauetik tina logam nu nararempel ....

Ah eta mah nu nulis artikelna (artikel tina PR) ngadramatir pisan, 
kasusna ngaharib-harib siga "Sapedah Nabi Adam" deui ....

Baktos,
WALUYA    

Kirim email ke