Soal gunung magnet, salian di Arab aya oge anu di Jawa Tengah
duanana pernah aya dina tipi (kuring nyahona tina tipi)
duanana ampir sarua kajadianna
sarua tempatna tanjakan tapi ngan dina jarak tertentu
nu di jawa mah ngan 200 meteran, lamun di luar jarak eta euweuh nanaon
tapi heunteu nepi ka rimbil mah kunu narapel
ngan mobil bisa naek masing mesin paeh oge, asal tong di rem we

sigana ieu mah PR pikeun tukang batu ... eh ahli geologi ...



oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                             Jadi 
bisa disebut efek paralax nya Bah? Enya, lamun medang magnet mah
 kudu lumaku kana naon wae barang anu dijieunna tina logam. Lamun mobil
 wae katarik, komo deui barang tina logam nu laleutik. Alusna mah
 diilikan oge peta geologi eta wewengkon. Naha enya disusun ku batuan
 anu ngandung logam bermagnet atawa henteu.
 
 manAR
 
 On Sat, May 31, 2008 at 7:55 PM, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >> "waluya2006" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >> Di Arab Saudi, kulantaran ayana di benua heubeul, mungkin wae aya
 >> batu nu ngandung medan magnet. Ngan masalahna naha eta medan
 >> magnet teh mani gede pisan tepi ka bisa narik beus?
 >
 > Nambahan ah, nu teu dipikaharti kumaha barang-barang panumpang nu
 > dijieun ku logam? Meureun rancleng katarik magnet, beus wae nu
 > beurat kagusur. Teu kaharti ah ....
 >
 > Ari kuring mah nyangka ku gravitasi, jalanna sigana mah nanjak jeung
 > nanjakna panjang. Tapi kulantaran jalanna gede (lega) jeung ditempat
 > nu kabuka, teu karasa/ katempo nanjak. Contona di Jalan Tol
 > Cipularang ti arah Purwakarta ka arah Bandung, jalan kacirina
 > nanjakna teu sabaraha, tapi lamun nyupiran kakara karasa, mobil rada
 > ngaheunggeu, malah treuk jeung beus mah dibere jalan khusus.
 >
 > Meureun ketah, tapi nu jelas lamun katarik ku medan magnet, teu asup
 > akal ah ....
 >
 > Baktos,
 > WALUYA
 >
 > 
 
     
                                       

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke