Mangkana abdi sapagodos...Kang Dian koncina pan IMAN..tos wae...Ieu iman teh
teras dijantenkeun KAYAKINAN religi urang kanggo tungtunan hirup....Tos wae
! Lamun urang mimiti neangan Bukti/Buktos/Proof mah tangtuna dina masalah
Religi hese sareng teu dianjurkan..Ta;pi lamun urang rek padungdeng mah
tiasa wae tapi kana hal2 agamis
konseptualis...kontektualna..tekstualna..janten mun jadi padungdeng teh
paling2 padungdeng PAMAHAMAN nganggo AKAL sareng WAWASAN, sanes hal2
kana bukti/buktos....

On 6/3/08, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Perkawis anu diserat ku kang Gusaeni, "Dinu kamungkinan ka hiji urang
> arab (lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka tangtangan Alloh, jadi
> asup akal lamun Muhammad anu sorangan tangtu moal bisa." Diwalerna teh, yen
> kangjeng Nabi Muhammad sanaos '*ummiy*, nanging anjeunna teh pinter
> kacida. Janten anu nangtang urang Arab teh sanes Alloh, nanging kangjeng
> Nabi nyalira.
>
> Nalika disebatkeun ayat Qur'an, "upama Qur'an lain ti Alloh, tangtu maraneh
> bakal nimu pacegcogan di jerona". Aya ateis anu ngawaler, "Einstein oge
> mampu nuliskeun tiori-tiori anu konsisten hiji jeung nu lian, konsisten oge
> jeung fenomena alam, boh nu kapanggih ayeuna, boh nu kabuktikeun sanggeusna.
> Naha Einstein kenging wahyu ti Alloh?
>
> Teras aya hiji deui kamungkinan, yen
> 4. Qur'an teh cutatan sareng robihan tina kitab sanes (Bibel sareng
> Talmud).
> Pedah dina sajarahna kangjeng Nabi Muhammad teh saurang padagang anu sok ka
> mana mendi dagangna. Kukituna seueur kontak sareng ngobrol sareng
> pendeta-pendeta nasrani, oge kaum Yahudi. Anjeunna janten sok nguping
> cariosan pendeta sareng kaum Yahudi. Cariosan pendeta-pendeta ieu diemutan
> deui ku kangjeng Nabi, anu henteu luyu/teu konsisten dilelempeng, teras
> dikedalkeun mangrupi Qur'an.
>
> Patarosan-patarosan sanesna anu nyusul
> - kumaha ngabuktoskeun yen wahyu turun ngaliwatan Jibril?
> - kumaha ngabuktoskeun yen isra-mi'raj teh kajadian?
> - jrrd.
> Sadayana, ari katingal ti luaran mah kedalna mung ti kangjeng Nabi Muhammad
> nyalira. Anapon sahabat sareng nu sanesna (anu ariman), henteu nyaksian
> langsung, iwal ti percanten/iman kana cariosan kangjeng Nabi.
>
> Salam,
> Dian.
>
> 2008/6/3 gusaeni <[EMAIL PROTECTED]>:
>
> Kamungkinan asal muasal Al-Quran aya 3 :
> 1. Al-Quran jieunan urang arab, sabab bahasana arab jeung turun
> diarab.
>
> 2. Al-Quran Jieunan Muhammad, sabab manehna nu mamawa Quran
>
> 3. Al-Quran bener-bener ti Alloh.
>
> Aya kamungkinan nu sanes ??
>
> 1. Pamaggih anu nyebutkeun Al-Quran Jieunan urang arab ieu pamanggih
> anu salah, naha ?
> Sabab Al-Quran nangtang bangsa arab keur nyieun tandingan Al-Quran :
> Dina surat Hud ayat 13 :
> "Omongkeun : datangkeun 10 surat anu bisa nyaruaan Al-Quran"
>
> Dina Surat Yunus ayat 38 :
> "omongkeun:(Lamun bener anu anjeun omongkeun), coba datangkeun hiji
> surat wae anu sarupa"
>
> Tah urang arab dugi ka ayeuna teu bisa nyambut kana tangtangan eta,
> hartina pamanggih yen Al-Quran jieunan urang arab katolak. Asup akal
> sabab urang arab teu bisa nyieun kita anu samodel Quran.
>
> 2. Pamanggih anu nyebutkeun Quran jieunan muhammad oge salah, naha ?
> Sajenius-jeniusna Muhammad, manehna tetep urang arab. Dinu kamungkinan
> ka hiji urang arab (lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka
> tangtangan Alloh, jadi asup akal lamun Muhammad anu Sorangan
> tangtu moal bisa.
>
> 3. Tah tinggal kamungkinan ka tilu, yen Al-Quran ti Alloh.
> Tah ieu nu bener, lamun lain ti urang arab, lain ti Muhammad, nya timana
> deui eta Al-Quran Ari lain ti Alloh.
> Alloh ngajangjikeun keur ngajaga kamurnian Al-Quran tepi ka Ahir
> jaman, ieu kabuktian nepi ka ayeu Al-Quran teu aya parobahan, eusina
> tetep sarua. Sok sanajan kelompok beda-beda, bisa Sunni, Syi'ah, NU,
> Muhammadiyah jeung nu sejena, eusi Al-Quran-na sarua. Beda jeung agama
> nu sejen.
> Ieu beuki nguatkeun yen Quran bener-bener ti Alloh.
>
> Lamun urang geus ngabuktikeun ku jalan kieu, Insya Alloh kaimanan
> urang ka Al-Quran sanes kaimana nu dipaksakeun(Dogmatis). Tapi kaimanan
> anu tos bisa dibuktoskeun
>
> Tuesday, June 3, 2008, 4:43:31 AM, you wrote:
>
> > Aya tilu kalimah dina seratan kang Gusaeni:
> > 1. surga, naraka, malaikat, mu'jizat, eta sadayana diterangkeun dina
> Qur'an
> > 2. al-qur'an datangna ti Alloh
> > 3. anu datang ti Alloh pasti bener, mustahil salah.
> >
> > Kalimah ka-1 tiasa dibuktikeun leres.
> > Kalimah ka-3 mangrupi definisi. Definisi mah pasti tur kedah leres.
>
> > Tah kantun kalimah ka-2. Wireh abdi matuh (samentawis) di nagara
> > Kaler, seueur ateis anu nanya, "kumaha ngabuktikeun Al-Qur'an datangna ti
> Alloh sacara ilmiah?"
> >
> > Wassalaam,
> > Dian.
>
> 
>

Reply via email to