IMAN nu teu aya bukti, IMAN nu lemah. Ongkoh iman yakin ka Alloh, tapi
nolak kana katangtuan Alloh.

wasalam
-gusaeni-

Wednesday, June 4, 2008, 6:55:38 AM, you wrote:

> Mangkana abdi sapagodos...Kang Dian koncina pan IMAN..tos wae...Ieu
> iman teh teras dijantenkeun KAYAKINAN religi urang kanggo tungtunan
> hirup....Tos wae ! Lamun urang mimiti neangan Bukti/Buktos/Proof mah
> tangtuna dina masalah Religi hese sareng teu dianjurkan..Ta;pi lamun
> urang rek padungdeng mah tiasa wae tapi kana hal2 agamis
> konseptualis...kontektualna..tekstualna..janten mun jadi padungdeng
> teh paling2 padungdeng PAMAHAMAN nganggo AKAL sareng WAWASAN, sanes hal2 
> kana bukti/buktos....
>  
>  
> On 6/3/08, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
>  

>  
> Perkawis anu diserat ku kang Gusaeni, "Dinu kamungkinan ka hiji
> urang arab (lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka tangtangan
> Alloh, jadi asup akal lamun Muhammad anu sorangan tangtu moal bisa."
> Diwalerna teh, yen kangjeng Nabi Muhammad sanaos 'ummiy, nanging
> anjeunna teh pinter kacida. Janten anu nangtang urang Arab teh sanes
> Alloh, nanging kangjeng Nabi nyalira.
>  
> Nalika disebatkeun ayat Qur'an, "upama Qur'an lain ti Alloh, tangtu
> maraneh bakal nimu pacegcogan di jerona". Aya ateis anu ngawaler,
> "Einstein oge mampu nuliskeun tiori-tiori anu konsisten hiji jeung
> nu lian, konsisten oge jeung fenomena alam, boh nu kapanggih ayeuna,
> boh nu kabuktikeun sanggeusna. Naha Einstein kenging wahyu ti Alloh?
>  
> Teras aya hiji deui kamungkinan, yen
> 4. Qur'an teh cutatan sareng robihan tina kitab sanes (Bibel sareng Talmud).
> Pedah dina sajarahna kangjeng Nabi Muhammad teh saurang padagang
> anu sok ka mana mendi dagangna. Kukituna seueur kontak sareng
> ngobrol sareng pendeta-pendeta nasrani, oge kaum Yahudi. Anjeunna
> janten sok nguping cariosan pendeta sareng kaum Yahudi. Cariosan
> pendeta-pendeta ieu diemutan deui ku kangjeng Nabi, anu henteu
> luyu/teu konsisten dilelempeng, teras dikedalkeun mangrupi Qur'an.
>  
> Patarosan-patarosan sanesna anu nyusul
> - kumaha ngabuktoskeun yen wahyu turun ngaliwatan Jibril?
> - kumaha ngabuktoskeun yen isra-mi'raj teh kajadian?
> - jrrd. 
> Sadayana, ari katingal ti luaran mah kedalna mung ti kangjeng Nabi
> Muhammad nyalira. Anapon sahabat sareng nu sanesna (anu ariman),
> henteu nyaksian langsung, iwal ti percanten/iman kana cariosan kangjeng Nabi.
>  
> Salam,
> Dian.

> 2008/6/3 gusaeni <[EMAIL PROTECTED]>:

> Kamungkinan asal muasal Al-Quran aya 3 :
>  1. Al-Quran jieunan urang arab, sabab bahasana arab jeung turun
> diarab.

> 2. Al-Quran Jieunan Muhammad, sabab manehna nu mamawa Quran

> 3. Al-Quran bener-bener ti Alloh.

> Aya kamungkinan nu sanes ??
>  
> 1. Pamaggih anu nyebutkeun Al-Quran Jieunan urang arab ieu pamanggih
> anu salah, naha ?
> Sabab Al-Quran nangtang bangsa arab keur nyieun tandingan Al-Quran :
> Dina surat Hud ayat 13 :
> "Omongkeun : datangkeun 10 surat anu bisa nyaruaan Al-Quran"
>  
> Dina Surat Yunus ayat 38 :
> "omongkeun:(Lamun bener anu anjeun omongkeun), coba datangkeun hiji
> surat wae anu sarupa"

> Tah urang arab dugi ka ayeuna teu bisa nyambut kana tangtangan eta,
> hartina pamanggih yen Al-Quran jieunan urang arab katolak. Asup akal
>  sabab urang arab teu bisa nyieun kita anu samodel Quran.

> 2. Pamanggih anu nyebutkeun Quran jieunan muhammad oge salah, naha ?
> Sajenius-jeniusna Muhammad, manehna tetep urang arab. Dinu kamungkinan
> ka hiji urang arab (lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka
>  tangtangan Alloh, jadi asup akal lamun Muhammad anu Sorangan
> tangtu moal bisa.

> 3. Tah tinggal kamungkinan ka tilu, yen Al-Quran ti Alloh.
> Tah ieu nu bener, lamun lain ti urang arab, lain ti Muhammad, nya timana
>  deui eta Al-Quran Ari lain ti Alloh.
> Alloh ngajangjikeun keur ngajaga kamurnian Al-Quran tepi ka Ahir
> jaman, ieu kabuktian nepi ka ayeu Al-Quran teu aya parobahan, eusina
> tetep sarua. Sok sanajan kelompok beda-beda, bisa Sunni, Syi'ah, NU,
>  Muhammadiyah jeung nu sejena, eusi Al-Quran-na sarua. Beda jeung agama
> nu sejen.
> Ieu beuki nguatkeun yen Quran bener-bener ti Alloh.

> Lamun urang geus ngabuktikeun ku jalan kieu, Insya Alloh kaimanan
> urang ka Al-Quran sanes kaimana nu dipaksakeun(Dogmatis). Tapi kaimanan
>  anu tos bisa dibuktoskeun

> Tuesday, June 3, 2008, 4:43:31 AM, you wrote:

>> Aya tilu kalimah dina seratan kang Gusaeni:
>> 1. surga, naraka, malaikat, mu'jizat, eta sadayana diterangkeun dina Qur'an
 >> 2. al-qur'an datangna ti Alloh
>> 3. anu datang ti Alloh pasti bener, mustahil salah.
>> 
>> Kalimah ka-1 tiasa dibuktikeun leres.
>> Kalimah ka-3 mangrupi definisi. Definisi mah pasti tur kedah leres.
>  
>> Tah kantun kalimah ka-2. Wireh abdi matuh (samentawis) di nagara
>> Kaler, seueur ateis anu nanya, "kumaha ngabuktikeun Al-Qur'an datangna ti 
>> Alloh sacara ilmiah?"
>> 
>> Wassalaam,
 >> Dian.




Kirim email ke