Heuheuy deudeuh..kumaha nya IMAN anu nagnggo bukti...kakara oge aya anu
ngomentaran KAYAKINAN nan parantos suudzon kitu...kumaha eta IMAN teh...

On 6/4/08, gusaeni <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> IMAN nu teu aya bukti, IMAN nu lemah. Ongkoh iman yakin ka Alloh, tapi
> nolak kana katangtuan Alloh.
>
> wasalam
> -gusaeni-
>
> Wednesday, June 4, 2008, 6:55:38 AM, you wrote:
>
> > Mangkana abdi sapagodos...Kang Dian koncina pan IMAN..tos wae...Ieu
> > iman teh teras dijantenkeun KAYAKINAN religi urang kanggo tungtunan
> > hirup....Tos wae ! Lamun urang mimiti neangan Bukti/Buktos/Proof mah
> > tangtuna dina masalah Religi hese sareng teu dianjurkan..Ta;pi lamun
> > urang rek padungdeng mah tiasa wae tapi kana hal2 agamis
> > konseptualis...kontektualna..tekstualna..janten mun jadi padungdeng
> > teh paling2 padungdeng PAMAHAMAN nganggo AKAL sareng WAWASAN, sanes hal2
> kana bukti/buktos....
> >
> >
> > On 6/3/08, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]<dian.nugraha%40gmail.com>>
> wrote:
> >
>
> >
> > Perkawis anu diserat ku kang Gusaeni, "Dinu kamungkinan ka hiji
> > urang arab (lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka tangtangan
> > Alloh, jadi asup akal lamun Muhammad anu sorangan tangtu moal bisa."
> > Diwalerna teh, yen kangjeng Nabi Muhammad sanaos 'ummiy, nanging
> > anjeunna teh pinter kacida. Janten anu nangtang urang Arab teh sanes
> > Alloh, nanging kangjeng Nabi nyalira.
> >
> > Nalika disebatkeun ayat Qur'an, "upama Qur'an lain ti Alloh, tangtu
> > maraneh bakal nimu pacegcogan di jerona". Aya ateis anu ngawaler,
> > "Einstein oge mampu nuliskeun tiori-tiori anu konsisten hiji jeung
> > nu lian, konsisten oge jeung fenomena alam, boh nu kapanggih ayeuna,
> > boh nu kabuktikeun sanggeusna. Naha Einstein kenging wahyu ti Alloh?
> >
> > Teras aya hiji deui kamungkinan, yen
> > 4. Qur'an teh cutatan sareng robihan tina kitab sanes (Bibel sareng
> Talmud).
> > Pedah dina sajarahna kangjeng Nabi Muhammad teh saurang padagang
> > anu sok ka mana mendi dagangna. Kukituna seueur kontak sareng
> > ngobrol sareng pendeta-pendeta nasrani, oge kaum Yahudi. Anjeunna
> > janten sok nguping cariosan pendeta sareng kaum Yahudi. Cariosan
> > pendeta-pendeta ieu diemutan deui ku kangjeng Nabi, anu henteu
> > luyu/teu konsisten dilelempeng, teras dikedalkeun mangrupi Qur'an.
> >
> > Patarosan-patarosan sanesna anu nyusul
> > - kumaha ngabuktoskeun yen wahyu turun ngaliwatan Jibril?
> > - kumaha ngabuktoskeun yen isra-mi'raj teh kajadian?
> > - jrrd.
> > Sadayana, ari katingal ti luaran mah kedalna mung ti kangjeng Nabi
> > Muhammad nyalira. Anapon sahabat sareng nu sanesna (anu ariman),
> > henteu nyaksian langsung, iwal ti percanten/iman kana cariosan kangjeng
> Nabi.
> >
> > Salam,
> > Dian.
>
> > 2008/6/3 gusaeni <[EMAIL PROTECTED] <gusaeni%40sentrasolusi.com>
> >:
>
> > Kamungkinan asal muasal Al-Quran aya 3 :
> > 1. Al-Quran jieunan urang arab, sabab bahasana arab jeung turun
> > diarab.
>
> > 2. Al-Quran Jieunan Muhammad, sabab manehna nu mamawa Quran
>
> > 3. Al-Quran bener-bener ti Alloh.
>
> > Aya kamungkinan nu sanes ??
> >
> > 1. Pamaggih anu nyebutkeun Al-Quran Jieunan urang arab ieu pamanggih
> > anu salah, naha ?
> > Sabab Al-Quran nangtang bangsa arab keur nyieun tandingan Al-Quran :
> > Dina surat Hud ayat 13 :
> > "Omongkeun : datangkeun 10 surat anu bisa nyaruaan Al-Quran"
> >
> > Dina Surat Yunus ayat 38 :
> > "omongkeun:(Lamun bener anu anjeun omongkeun), coba datangkeun hiji
> > surat wae anu sarupa"
>
> > Tah urang arab dugi ka ayeuna teu bisa nyambut kana tangtangan eta,
> > hartina pamanggih yen Al-Quran jieunan urang arab katolak. Asup akal
> > sabab urang arab teu bisa nyieun kita anu samodel Quran.
>
> > 2. Pamanggih anu nyebutkeun Quran jieunan muhammad oge salah, naha ?
> > Sajenius-jeniusna Muhammad, manehna tetep urang arab. Dinu kamungkinan
> > ka hiji urang arab (lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka
> > tangtangan Alloh, jadi asup akal lamun Muhammad anu Sorangan
> > tangtu moal bisa.
>
> > 3. Tah tinggal kamungkinan ka tilu, yen Al-Quran ti Alloh.
> > Tah ieu nu bener, lamun lain ti urang arab, lain ti Muhammad, nya timana
> > deui eta Al-Quran Ari lain ti Alloh.
> > Alloh ngajangjikeun keur ngajaga kamurnian Al-Quran tepi ka Ahir
> > jaman, ieu kabuktian nepi ka ayeu Al-Quran teu aya parobahan, eusina
> > tetep sarua. Sok sanajan kelompok beda-beda, bisa Sunni, Syi'ah, NU,
> > Muhammadiyah jeung nu sejena, eusi Al-Quran-na sarua. Beda jeung agama
> > nu sejen.
> > Ieu beuki nguatkeun yen Quran bener-bener ti Alloh.
>
> > Lamun urang geus ngabuktikeun ku jalan kieu, Insya Alloh kaimanan
> > urang ka Al-Quran sanes kaimana nu dipaksakeun(Dogmatis). Tapi kaimanan
> > anu tos bisa dibuktoskeun
>
> > Tuesday, June 3, 2008, 4:43:31 AM, you wrote:
>
> >> Aya tilu kalimah dina seratan kang Gusaeni:
> >> 1. surga, naraka, malaikat, mu'jizat, eta sadayana diterangkeun dina
> Qur'an
> >> 2. al-qur'an datangna ti Alloh
> >> 3. anu datang ti Alloh pasti bener, mustahil salah.
> >>
> >> Kalimah ka-1 tiasa dibuktikeun leres.
> >> Kalimah ka-3 mangrupi definisi. Definisi mah pasti tur kedah leres.
> >
> >> Tah kantun kalimah ka-2. Wireh abdi matuh (samentawis) di nagara
> >> Kaler, seueur ateis anu nanya, "kumaha ngabuktikeun Al-Qur'an datangna
> ti Alloh sacara ilmiah?"
> >>
> >> Wassalaam,
> >> Dian.
>
> 
>

Reply via email to