===================================================================== Panganteur: Bagian ieu nyaritakeun Ki Santang putra Raja ngalalana. Beda jeung versi nu umum, didieu, Ki Santang, lamun sarua jeung tokoh Kiansantang, ngalalanana ukur ka Lampung jeung ka Nagara Paliman nu aya walungan gede plus loba gajah. Kuring nyangka nu dimaksud Paliman teh PALEMBANG.
Ki Santang oge, lain manggihan Bagenda Ali jeung iteukna, tapi papanggih jeung Raja Paliman nu sarba wijaksana. Papatahna munel pisan, siga keur kondisi kaayaan ayeuna. Ieu nu nyababkeun kuring rada ngahuleng, naha bagian ieu diselipkeun anyar keneh atawa geus ti baheulana aya? Sabab aya contona, aya kecap "BAKO" nyelap, Ki Santang mere bako ka urang Lampung. Urang Pajajaran tangtuna oge tara udud, sabab jaman harita mah nu sok udud ngan urang Indian. Tapi sacara umum, ngalalana Ki Santang versi Pantun Bogor langkung logis, tinimbang tokoh Kiansantang nu "napak kancang" ka tanah Arab, papendak jeung Bagenda Ali. Ari perkara bako jeung papatah nu siga keur kondisi ayeuna, nya meureun improvisasi ki Juru pantun, siga Dalang wayang ..... =============================================================== Ayeuna urang kocapkeun, anu mabur ngalanglang buana. Saha? Nyaeta Sanghiang SANTANG ARIA CAKRABUANA, nu gagah jeung kasep tea. Ti Pajajaran inyana lolos, ganti aran jadi GURIANG SETRA! Mimiti nindakna ka ujung kulon, laju nyabrang lautan, unggah di sabrang kulon, dinu kiwari disebut tanah LAMPUNG! Laju Ki Santang nanya ka urang Lampung: "Saha tah jagona didieu?" Ceuk urang Lampung: "Di dieu mah teu boga jago! sabab jagona aya di sabrang, di nagara Pajajaran!" Ceuk Ki Santang: "Nahaeun sababna?" Ceuk urang Lampung: "Urang dieu mah, baraya ka urang pajajaran!" Ceuk ki Santang: "Kumaha mimitina?" Ceuk urang lampung: "Raja pajajaran EWEAN ka urang dieu, ka Nyi Putri Gambir Sari!" Ceuk Ki Santang: "Mun bener baraya, saha jagona di Pajajaran?" Ceuk urang Lampung: "Jago Pajajaran aya dua, nu kolot jeung nu ngora! Nu kolot ngaranna Embah Lengser!" Ceuk Ki Santang: "Ari nu ngora?" Ceuk urang Lampung: "Si Raden Si Kasep Aria Pajajaran Disarebutna Ki Hiyang Santang!" Ki Santang ngeunah jasa angen, laju mere BAKO ka nu ditanya, laju nindak deui, nindak, nindak, mingkin lila beuki jauh! Nya anjog ka hiji dayeuh gede, leuwih gede manan Thiliwung! Ceuk Ki Santan ka urang dinya: "Ngaran ieu nagara?" Ceuk nu ditanya: "Paliman!" (Palembang? WLY) Ceuk Ki Santang: "Kumaha ngaranna kitu?" Ceuk nu ditanya: "Sabab loba gajah!" Ceuk Ki Santang: "pantes! sagala mani gede kieu, walunganana gede, tatangkalanana garede, dayeuhna oge gede, ngan jelemana, hanteu gararede, sarua gedena jeung di kula! Tapi rajana sagede kumaha?" Ceuk urang Paliman: "Meujeuhna!" Ceuk Ki Santang: "Dimana imahna?" Ceuk urang Paliman: "Tuh, imah nu panggedena!" Laju Ki Santang nindak deui, caritana asup inyana ka karaton. Kasampak aya jelema gede, keur ucang-angge di bale ukir. Balena, bale gede dijieunna tina caling gajah, diukiran rupa gajah. Gigireun bale gede, aneprok, nu gareulis jeung garede, garede geh, gede bujurna ........! Ceuk Ki Santang: "Dia tuh Raja didieu?" Ceuk nu ucang-angge: "Heueuh!" Ceuk Ki Santang: "Saha ngaran dia?" Ceuk Ki Raja: "Parabu Liman Jaya Kancana!, eta aran kula, nu kaceluk ka tanah sabrang! Ngaran kula didieu mah sejen deui!" Ceuk Ki Santang: "Ngeunah nya jadi Raja?" Perabu Liman Jaya Kancana, lain Raja sambarang Raja, tapi Rajana nu rancage. Inyana ngartieun, ki semah teh eudeuk nyiar gara-gara! Ceuk Parabu Liman Jaya Kancana: "Dimana lebah ngeunahna?" Ceuk Ki Santang: "Tuh, lebah bujur-bujur nu darempok, sela pingping nu parungkil!" Ceuk Raja nu rancage: "Parungkil mah, Ki Semah tandana jagjag waringkas, sabab tara tinggal ti jajamu. Darempok? Eta mah aya sababna, sabab loba gawe bari cingogo, ngarored bari cingogo, ngarejo bari cingogo, kariihna bari cingogo! Jeungna deui kitu buktina, nu biasa gawe beurat. Sabab didieu mah, najan ngaran Nyai Putri, ngahuma teh kudu bisa, ninun hayu, nutu hayu, tara jerih ku gawe beurat! Tapi Ki Semah, saha ngaran dia? Jeung naeun nu seja ku dia?" Ceuk Ki Santang: "Ngaran kula Guriang Setra, datang kadieu, nyaeta: Eudeuk nyiar pangabisa, eundeuk mulung pangaweruh. Sabab di nagara kaula, geus euweuh nu sarua jeung kula, saha jagona di ieu nagara?" Ceuk Parabu Liman Jaya Kancana: "Didieu mah euweuh jago!" Ceuk Ki Santang: "Tiloku tah? Tiloku di ieu nagara euweuh lalaki?" Ceuk Parabu Liman Kancana: "Lalaki mah ngabadeg, tapi lain pikeun jago!" Ceuk Ki Santang: "Pikeun naeun atuh?" Ceuk Parabu Liman Kancana: "Pikeun ngabantu ngamakmurkeun nagara!" Ceuk Ki Santang: "Lain pikeun ngalawan musuh? Kumaha amun aya nu nangtang perang?" Ceuk Parabu Liman Kancana: "PERANG mah, TARA DATANG SABAN MANGSA! Tapi MAHMUR mah, mudu SATERUSNA, abeh NAGARA salawasna GEMAH RIPAH SUGIH MUKTI! Di ieu nagara mah, mahmur teh, lain ngan dilamun, tapi mahmur, nu karasa. Sabab didieu mah, adil teh, lain omong anu kosong, tapi adil anu bukti! Jeung adilna, LAIN ADIL CEUK RAJA WUNGKUL, tapi ADIL mun SAPUK sakabeh somah! Ku kituna, Adil mahmur teh, di dieu mah lain ngaran wungkul catur, lain ngan omong pangbebenjo lain carita nu sulaya!" Ceuk Ki Santang: "Kumaha di dieu bisa kitu? Kula hayang diajar teruskeuneun ka anak-incu?" Ceuk Parabu Liman Kancana: "Dengekeun! Di ieu nagara, pagawe teh, garetol kabeh, carukup ku pangweruh, taliti dina pamanggih, loloba ngalaman, jeung jalembar pangabisa! Tapi pangabisa nu nguntungkeun ka somahna! Jaba getol samuduna, oge teu meunang adigung garede hulu! Teu meunang puntu-penta ka somah, teu meunang nyusahkeun somah, teu meunang ngabobodo somah, teu meunang menta balenan ka somah! Dina ngajalankeun parentah teu meunang maen paksa, sumawonna nyingsieunan! Tapi parentah teh dirupakeun jadi pangajak nu kaharti ku akal kapikir ku sakabeh somah! Mun digawe Bukti gawe henteu bener atawa ngan nyugihkeun dirina wungkul, harita keneh oge digantung bari disisit! Kumaha pagawe di nagara dia, Ki Semah? Ceuk Ki Santang: "Di nagara kula mah euweuh pagawe! kabeh teh juragan kabeh! Ceuk Parabu Liman Jaya Kancana: "Karunya temen nu jadi somah! Tapi dengekeun! Di ieu nagara, nu buburuh cukup upahna, digarawena bari narembang sabab seubeuh saban hakan. Nu tarani Laluasa taranina sabab hasil dibuatna, lain asal ijon ka nagara Ku kituna Jaba ti bera oge murah hakaneun! Nu daragang Teu diajar ku nagara! tapi nagara ngalobakeun pidagangeun. Ku kituna jaba ti bera oge murah pidangdangeun! Ari pagawe: Teu mudu sumpah saban pasar, meunang gawe bari tani, meunang gawe bari dagang, tapi tani anggeus gawe! tapi dagang angeeus gawe! Ngan Amun tani amun dagang teu meunang ngeunah sorangan ku jalan ngahalang-halang usaha somah! Nu kaparjaya ngajalankeun parentah nagara garawena minangka bapa hartina: Loba mere, tara menta Merena? Nya pangjeujeuh! Mentana? Tara menta pangabakti Pangjeujeuhna? Lain omong anu kosong lain janji nu sulaya Tapi Ku janji anu bukti Ku omong anu tembong Mun pagawe: Rasa inja ku kawasa puntu-penta nitah bakti baktina ngan pikeun inyana jeung galak ka sakur nu teu mere. Ki Semah, Ki Semah Moal eundeuk ngara bisa Adil Mahmur!" Ceuk Ki Santang: "Heueueueuh! Kula tarima meunang Pajajaran! Tapi bener-bener yeuh, di ieu nagara euweuh jagona?" Ceuk Parabu Liman Jaya Kancana: "Ari jago mah loba! Tapi lain jago dina gelut jago soteh dina bener Amun ki Semah Rajang tarung Tuh kaditu! Tapi saencanna mah teu mudu dia ngajugjug jauh. Sabab engke oge, Bakal datang mangsana Ka urang rabul jelema bule. Tah eta pilawaneun dia!" Urang tunda deui, bari nanggoan datangna nu barule ..... [Lajengkeuneun]