==============
[Cag ti kuring,
lalakon nu malundur salajengna engke dipaju ku Bah Osa.
Nyuhungkeun dihapunten bilih seueur nu salah ketik ...
WLY]
Nuhuuun Bah Willy, anu parantos silih rojong dina terus ngetikkeun  
ieu pantun...(Osa)
---------------------------------------------------------------------
------------------------------------------------------------------

Urang caturkeun deui lalakonna,
Urang Pajajaran tengah terus kadesek,
Urang Pajajaran Bogor memang kadesek !
Lain kaesek kusabab eleh !
Tapi eleh dina papasten....!
Jeung elehna,
eleh soteh:
Kadunyaan 
Kapangkatan
Kakawasaan,
Salila
GENEP JAMAN katujuh jalan...... !
Tah salial eta,
Urang Bogor Pajajaran
Baris dijieun KEKESED DINA BALUMBANG....!
urang kocapkeun deui kanu marundur !
Marundur sabari perang,
sabari perang mundur ka girang !
Nya anjog ka suku gunung,
kalegok anu nyangkewok...!
didinya laju rareureuh,
Bari naranggoan kejo asak diseupan !
Tapi hanteu kaburu sak,
Sabab musuh kaburu nyusul !
Plok !
Aseupan ditamplokkeun,
Kejona dibawa laju !
Blok !
Seengna dibahekeun,
Caina ngocor ka kobak !
Tah lebah dinnya,
Engkena ngadeg lembur anu kiwari...
Disebutna geh Ciseupan...
Datang ti kiwari, cai dina eta kobakan,
Caina haneut bae !
Jeung kitu sabab-sababna datang ka kiwari,
di lebah dinya sok loba cawene,
Ari ngejona sok tara asak...!
Lain teu asak, teu bisa ngarejo !
Tapi teu arasakna,
Lantaran ngarejo teh,
sok ditaringgalkeun ocon jeung beubeureuh...!
---------------------------------------------------------------------
--------
Urang susul nu keur marundur !
Mararundur  mararundur terus...!
Nya anjlog kahiji jurang,
Nu gawir-gawirna jero jasa,
Jero leuweung kawung wungkul....!
Laju nyarieun cukang,
Tina kawung nu karolot jasa,
Tina bengkel paranjang tangkal,
Jeung nyarieun cukang
tina tatangkalan anu galeuhan...!
Engkena dilebah dinya,
ngadeg anu datang ka kiwaridisarebutna: Cukang Galeuh !
Laju nyararukang...!
Nyararukang gagancangan,
abeh hanteu kasusul musuh.....!
Laju nyarusup kahiji leuweung,
sisi cai lebah anu singkur
Seja arinyana eundeuk reureuh,
endeuk nyareluk para karuhun,
Bari nyarambat ka para Dewa:
sing hate keueung , pangnegerkeun,
Sing diwanikeun hate anu sieun,
Jeung ditangtayungan jero galungan...!
abeh
amun paeh dipangperangan,
Jaga bisa ngilu deui,
Hutang uyah maray uyah,
Hutang jiwa maray jiwa....1
Sabab dina marundur,
Lain urang BOGOR PAJAJARAN kadesek perang,
Tapi perang teh,
apananan sabab manandeh"
Hanteu purun dipaksa deungeun,
Hanteu sudi ganti sembaheun,
Hanteu sudi tukeur pangdeuleu,
Hanteu sudi ganti karuhun;
Jeung hanteu sudi nurutan adat 
bawa deungeun ti tanah sabrang !
---------------------------------------------------------------------
---------------------------------------------------------
Jeung lain manandeh ka GANTINA JAMAN,
Tapi manandeh,
Ka jaman mudu nurut bae jadi badega !
Cai leutik lebahan manandehna urang BOGOR PAJAJARAN,
engkena disarebutna: Ci Manandeh.
Didinya engkena ngadeg lembur anu sangaran !
Laju dirobah jadi Ci Manande.
Kiwari jadi Ci Mande...! Lain tina mande mapandean:
Tapi tina mande anu manandeh.......!
Tunda nu manandeh !
Sina naranggoan datang wayah maray hutang!
Kocapkeun: 
Mata powe surup di kulon !
Nu nyarusup nyareungeut damar.....!
Samaruk arinyana da di anu singkur jero leuweung !
Hanteu nyarahoeun,
Kadeuleu ku musuh ti kajauhan,
Laju disarusul...........!
Ger...perang deui !
Parerang marawa obor !
Pajajaran ngaganda terus :
Nya karuhan
Mudu mundur terus deui,
Lain mundur henteu nanding henteu tanding ;
Tapi henteu tanding dina bilangan...(bilangan=jumlah lobana balad)
Pes !
Pas-pis-ppes-pus....! Pos !
Sakabeh obor Pajajaran dipareuman;
Powekna mani mongkleng jasa,
Malrundur sabari ngileus,
Ngileus kajero powek....!
Ari musuh ?
Lantaran powekna jasa teui,
Jeung lantaran perang teh jero leuweung,
anu powek sagala powek,
Nya kakadek jeung teuteunggeul teh,
---------------------------------------------------------------------
----------------
hanteu barisa bari deudeuleu heula !
Karuhan,
Loba balad musuh anu marodar,
Dikadek batur arinyana keneh;
Loba balad musuh pating garojod gegrungan,
Ditareunggeulan batur-batur arinyana keneh !
Urang Pajajaran mundur terus......!
Mundur, mundur, marundur,
Marundur di anu powek.......!
Laju nyarasab......!
Tengah jalan,
Papapag jeung awewe limaan,
Ngarelek samak, nyaruhun anggel !
Ceuk awewe limaan :
"Kamarana yeuh peuting-peuting?"
Ceuk siLengser :
"Kamarana yeuh peuting-peuting?"
Ceuk awewe limaan :
"Eudeuk ngendong !
Deuk ngendongan anu hudang ngajuru !"
CEuk siLengser:
"Kula geh daek diajak ngendong;
ngan embung jeung anu hudang ngajuru !"
Ceuk awewe limaan:
"Kula geh moal ngajakl ngendong;
Da kabehan boga salaki....!"
CEuk siLengser
"Kula geh moal eudeuk ngendong atuh;
Ngan kaula eundeuk nanya:
Kamana nyai jalan anu buni nu teu herit?"
Ceuk awewe limaan :
"Tuturkeun bae kaula !"
Tapi ulah parek teuin bisi adek!"
Ceuk siLengser:
"Moal atuh !"
---------------------------------------------------------------------
---------------Ngan beusi kapohoan,
bubuhan nu keur parowek,
aya dinu parowek,
Halangan be , tah , ku anggel...!
Di urut lebahan papag jeung eta awewe lima,
Engkena ngadeg lembur anu disarebutna: Panca Wati.
Ku awewe nu lima,
Urang Pajajaran Bogor dianteur,
Dianteurkeun ka gunung anu jauh ti musuh !
Bray beurang !
Laju ngareureuh...
Ceuk raja ka awewe anu lima :
"geus !
Datang kadieu bae !
Naeun hayang piburuheun dia nganteur ?
Ceuk awewe salimana :
"Gsti 1
Kaula kabehan,
hanrteu hayang diburuhan !
Kaula mah seja ngabakti !
Ceuk raja :
"Hade !
Tapi turun runday rawayan dia kabehan,
Sakur anu narurut ka kolot arinyana,
Baris jembar salila hirup !
 Seug !
Geura marulang !"
Diurut eta awewe lima pamitaneundeuk marulang,
Engke teh ngadeg lembur anu baris mawa ngaran: Parbakti !
Tidinya,
Urang Pajajaran, terus maju ngidul rada ngulon !
Sup ka leuweung;
Jol ti leuweung;
Asup leuweung, ka luar leuweung !
Unggah gunung , turun gunung
---------------------------------------------------------------------
----lajengkeuneun.


Kirim email ke