Carita ramena Pilkada Gubernur Jawa Timur sigana acan anggeus, sanajan nu meunang geus ditangtukeun. Pulisi Jawa Timur curiga aya manipulasi dina proses Pilkada, ketua KPU Jawa Timur ditangkep. Tapi sigana aya nu teu satuju ku sikep pulisi Jawa Timur teh, Kapoldana HERMAN SURJADI SUMAWIREDJA langsung dieureunkeun. Kacida hanjeluna Pa Kapolda, manehna langsung ngundurkeun diri teu satuju jeung beleid atasanana.
Keur ukuran Indonesia, enya da di nagara batur mah biasa, ieu kasus luar biasa, jarang pisan atawa malah euweuh aya PEJABAT TINGGI ngundurkeun diri, kulantaran teu satuju jeung beleid atasan. Pa Herman cenah boga prinsip pulisi kudu tetep netral dina Pemilu, teu meunang intervensi-intervensian. Lamun carana kitu kredibilitas Pemilu nu sakeudeung deui dilaksanakeun, jadi tarohan, ieu bahaya!, sarua jeung ngabajak demokrasi, ceuk Tajuk Rencana Kompas mah. Naon nu dilakukeun ku Pa Herman, pikareueuseun urang Sunda, sabab anjeunna teh URANG SUNDA, Leupas tina kritik sabab anjeunna teh sakedap deui rek pangsiun. Hal ieu beuki nunjukkeun loba urang sunda nu ngajabat dina persoalan hukum, keukeuh peuteukeuh mihak kana KAADILAN jeung BEBENERAN. Contona di jaman Orba, Aya Hakim Agung nu ngameunangkeun Rahayat Kedungngombo Jawa Tengah (Namina hilap deui), aya Hakim Benyamin Mangkudilaga nu wani ngalawan kahayang pamarentah, ngameunangkeun Majalah Tempo waktu dibredel di pangadilan ..jst. Mudah-mudahan we kahareup, beuki loba urang Sunda nu wani ngadegkeun kaadilan jeung bebeneran di nagara ieu, sanajan loba tantangan jeung harungan. Baktos, WALUYA

