(bayangkeun si Gareng anu ngomong he..he..he..)
Anjing teh,
jelema bener dieureunkeun, jelema salah diangkat.
erek jadi naon ieu nagara?
H Surtiwa wrote:
Tong bireuk lah Kang..pan demokrasi di Indo mah eta anu disebat
"engineered democrazy" tea........
On 3/18/09, *waluya2006* <[email protected]
<mailto:[email protected]>> wrote:
Carita ramena Pilkada Gubernur Jawa Timur sigana acan anggeus,
sanajan nu meunang geus ditangtukeun. Pulisi Jawa Timur curiga aya
manipulasi dina proses Pilkada, ketua KPU Jawa Timur ditangkep.
Tapi sigana aya nu teu satuju ku sikep pulisi Jawa Timur teh,
Kapoldana HERMAN SURJADI SUMAWIREDJA langsung dieureunkeun. Kacida
hanjeluna Pa Kapolda, manehna langsung ngundurkeun diri teu satuju
jeung beleid atasanana.
Keur ukuran Indonesia, enya da di nagara batur mah biasa, ieu
kasus luar biasa, jarang pisan atawa malah euweuh aya PEJABAT
TINGGI ngundurkeun diri, kulantaran teu satuju jeung beleid
atasan. Pa Herman cenah boga prinsip pulisi kudu tetep netral dina
Pemilu, teu meunang intervensi-intervensian. Lamun carana kitu
kredibilitas Pemilu nu sakeudeung deui dilaksanakeun, jadi
tarohan, ieu bahaya!, sarua jeung ngabajak demokrasi, ceuk Tajuk
Rencana Kompas mah.
Naon nu dilakukeun ku Pa Herman, pikareueuseun urang Sunda, sabab
anjeunna teh URANG SUNDA, Leupas tina kritik sabab anjeunna teh
sakedap deui rek pangsiun. Hal ieu beuki nunjukkeun loba urang
sunda nu ngajabat dina persoalan hukum, keukeuh peuteukeuh mihak
kana KAADILAN jeung BEBENERAN. Contona di jaman Orba, Aya Hakim
Agung nu ngameunangkeun Rahayat Kedungngombo Jawa Tengah (Namina
hilap deui), aya Hakim Benyamin Mangkudilaga nu wani ngalawan
kahayang pamarentah, ngameunangkeun Majalah Tempo waktu dibredel
di pangadilan ..jst.
Mudah-mudahan we kahareup, beuki loba urang Sunda nu wani
ngadegkeun kaadilan jeung bebeneran di nagara ieu, sanajan loba
tantangan jeung harungan.
Baktos,
WALUYA
--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!