Tong bireuk lah Kang..pan demokrasi di Indo mah eta anu disebat "engineered
democrazy" tea........

On 3/18/09, waluya2006 <[email protected]> wrote:
>
>   Carita ramena Pilkada Gubernur Jawa Timur sigana acan anggeus, sanajan
> nu meunang geus ditangtukeun. Pulisi Jawa Timur curiga aya manipulasi dina
> proses Pilkada, ketua KPU Jawa Timur ditangkep. Tapi sigana aya nu teu
> satuju ku sikep pulisi Jawa Timur teh, Kapoldana HERMAN SURJADI SUMAWIREDJA
> langsung dieureunkeun. Kacida hanjeluna Pa Kapolda, manehna langsung
> ngundurkeun diri teu satuju jeung beleid atasanana.
>
> Keur ukuran Indonesia, enya da di nagara batur mah biasa, ieu kasus luar
> biasa, jarang pisan atawa malah euweuh aya PEJABAT TINGGI ngundurkeun diri,
> kulantaran teu satuju jeung beleid atasan. Pa Herman cenah boga prinsip
> pulisi kudu tetep netral dina Pemilu, teu meunang intervensi-intervensian.
> Lamun carana kitu kredibilitas Pemilu nu sakeudeung deui dilaksanakeun, jadi
> tarohan, ieu bahaya!, sarua jeung ngabajak demokrasi, ceuk Tajuk Rencana
> Kompas mah.
>
> Naon nu dilakukeun ku Pa Herman, pikareueuseun urang Sunda, sabab anjeunna
> teh URANG SUNDA, Leupas tina kritik sabab anjeunna teh sakedap deui rek
> pangsiun. Hal ieu beuki nunjukkeun loba urang sunda nu ngajabat dina
> persoalan hukum, keukeuh peuteukeuh mihak kana KAADILAN jeung BEBENERAN.
> Contona di jaman Orba, Aya Hakim Agung nu ngameunangkeun Rahayat
> Kedungngombo Jawa Tengah (Namina hilap deui), aya Hakim Benyamin
> Mangkudilaga nu wani ngalawan kahayang pamarentah, ngameunangkeun Majalah
> Tempo waktu dibredel di pangadilan ..jst.
>
> Mudah-mudahan we kahareup, beuki loba urang Sunda nu wani ngadegkeun
> kaadilan jeung bebeneran di nagara ieu, sanajan loba tantangan jeung
> harungan.
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke