> H Surtiwa <surt...@...> wrote:
> Tong bireuk lah Kang..pan demokrasi di Indo mah eta anu 
> disebat "engineered democrazy" tea........

Terus terang eta Bah nu dipikahariwang teh, manipulasi. Lamun Pilkada mah rada 
teu pati salempang da aya pamarentah Pusat. Ngan orakaya lamun dina Pemilu 
milih Presiden, terus aya sengketa siga di Jawa Timur, matak pibahayaeun. Ieu 
bisa ngakibatkeun "kerusuhan", da papada boga massa gede sakuliah Indonesia. 
Supaya kajadian ulah kitu, aparat Hukum, kaasup Pulisi kudu netral. Lamun 
pulisi mihak, wah teu kabayang, tantara bisa asup deui kana kakawasaan, 
alesanana keur nyetabilkeun kaayaan nagara. Ngan biasana, loba contona di 
nagara-nagara batur oge, sok "betah" ari geus "nyengcle" mah.

Di taun 2004 Indonesia loba dipuji ku dunya luar, dina ngayakeun Pemilu, 
pangpangna Pemilu milih presiden. Nu disarangkana bakal riceuw, tapi aman-aman 
wae. Hiji Kasuksesan Pamarentah Mega dina ngayakeun Pemilu 2004, nu aman ayem 
tentrem. Dina ganti kakawasaan oge euweuh kaributan (Pertama kali di Indonesia 
Lho, ceuk iklan mah), sanajan Megawatina katingalina masih neuteuli ka SBY 
..hehehe

Tah ayeuna Pamarentah SBY. Hayoh Jendral ...jieun sing aman, keun we 
eleh-meunang mah biasa, kitu oge nu sejen. Da ayeuna mah nu jadi pangawasa teh 
geuning loba pisan, salian ti Presiden teh.

Baktosna,
WALUYA



 


Kirim email ke