Assalamaulaikum,

Simkuring bade ngawanohkeun diri.
Nami : Taupik Nurhidayat
Padamelan : Ngalanglang Saba Sababaraha Sakola pikeun nyiar kipayah nu halal
Asal : Buniseuri Cipaku Ciamis

Simkuring kaetang kuuleun perkawis budaya sunda, sanaos simkuring ngaku
urang sunda, ti lahir dugi ka ayeuna cicing di tatar sunda tapi nya kitu
nembe sababaraha waktos kapengker sim kuring aya niat miwanoh budaya... sok
sananos ngalangkungan ieu media sim kuring bade seueur tumaros kanu terang
panginten..

dikawitan supados urang mikawanoh kana budaya saena sim kuring tumaros kieu
1. Ari nu disebat Urang Sunda teh watesannana kumaha bae ?
2. Budaya Sunda nu tos kahasilkeun ti kawit aya kasebat Sunda dugi ka ayeuna
sabaraha hiji ?
3. Naon Bae (dilajeng tina patarosan anu kadua).
4. Dimana Simkuring tiasa mendakan buku atanapi sajarah ngeunaan sunda?

Hatur Nuhun Sateuacanna Wilujeng Ngalagena Kanggo nu Nuju Nyalse

Kirim email ke