> mh <khs...@...> wrote: > kamari uing ngapung ti surabaya, nalika di imigrasi, petugas > manggih ngaran kota kalahiran uing, garut, ari pokna teh, "kumaha > damang?" > cenah. uing seuri, si bapa eta ge milu seuri, ceuk uing teh, "ari > bapak asal timana?" manehna ngajawab, cenah asalna mah ti tapanuli, > ngan gede di bogor. "paingan atuh", ceuk uing teh.
Tah kuring mah sering papanggih jeung nu ngomong Sunda tapi lain urang Sunda di tempat di luar Tatar Sunda. Di Tanah Karo, loba Batak nu bisa basa Sunda ...... urut supir angkot di Bandung, nu marulang deui ka lemburna. Di Minahasa oge kungsi papanggih, nu saurang mah tukang tani nu kungsi ngingilu jeung lanceukna di Sukabumi, nu saurang deui mah di Bandara jeung sapesawat ka Jakarta. Ieu mah tantara, pangkatna lumayan luhur. Di pesawat manehna kukulutus ngomongkeun adat Minahasa nu ceuk manehna goreng, pokna teh: "Alus di lembur urang nya?". Kuring ukur nyerengeh jeung ngarasa aneh aya urang Minahasa tapi ngarasa lemburna di Tatar sunda .... Nu pikaseurieun mah di Biaro Bukitinggi. Keur ngabring we jeung babaturan di sisi sawah deukeut lembur, naa ari gog..gog.. teh anjing ngagogog, terus arek ngudag, ditembalan ku anjing-anjing sejen tiditu-tidieu, nu siap-siap oge arek ngudag. Bakating ku reuwas jeung sieun, kuring satengah ngagorowok: "Anjing bangkawarah ngareureuwas, awas euy ...geuning urang dieu mah ku raresep ngukut anjing mani loba kieu!" Ujug-ujug aya jalma nyieuh-nyieuh anjing, holna ti saung, bari ngomong maka basa sunda bentes pisan: "Kanggo moro bagong seueur anjing teh, kadieu atuh nyarimpang heula, nuju akar-ukur naon ieu teh?" Kacida ngagebegna, da teu nyangka aya nu nyarita Sunda. Nya disampeurkeun, singhoreng urang Minang asli, ngan lila dagang di ciamis tapi bangkrut. Balik ka lemburna jadi patani deui .... Baktosna, WALUYA