1. Nu ngaku dirina urang Sunda tur diaku urang Sunda ku nu sejen.
2. Seueur.
3. Galendo, bedog/golok, lisung, samak, boboko, aseupan, pipiti, tingkem jste.
4. Rumah Baca Buku Sunda, alamat tingali di 
http://rumahbacabukusunda.blogspot.com 

MSas 


  ----- Original Message ----- 
  From: Taupik Nurhidayat 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Saturday, May 02, 2009 5:27 PM
  Subject: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda





  Assalamaulaikum,

  Simkuring bade ngawanohkeun diri.
  Nami : Taupik Nurhidayat
  Padamelan : Ngalanglang Saba Sababaraha Sakola pikeun nyiar kipayah nu halal
  Asal : Buniseuri Cipaku Ciamis

  Simkuring kaetang kuuleun perkawis budaya sunda, sanaos simkuring ngaku urang 
sunda, ti lahir dugi ka ayeuna cicing di tatar sunda tapi nya kitu nembe 
sababaraha waktos kapengker sim kuring aya niat miwanoh budaya... sok sananos 
ngalangkungan ieu media sim kuring bade seueur tumaros kanu terang panginten..

  dikawitan supados urang mikawanoh kana budaya saena sim kuring tumaros kieu
  1. Ari nu disebat Urang Sunda teh watesannana kumaha bae ?
  2. Budaya Sunda nu tos kahasilkeun ti kawit aya kasebat Sunda dugi ka ayeuna 
sabaraha hiji ?
  3. Naon Bae (dilajeng tina patarosan anu kadua).
  4. Dimana Simkuring tiasa mendakan buku atanapi sajarah ngeunaan sunda?

  Hatur Nuhun Sateuacanna Wilujeng Ngalagena Kanggo nu Nuju Nyalse

      


  

Kirim email ke