heheheheheheh
leres pisan da abdi oge gagaduh rerencangan di jakarta 
nyariosna teh sunda pisan teu aya loga logat batak, pas di taros teh
"Pa timana kawit , ari pok na teh ti medan, ka bandung atanapi ka jawabart 
pernah
ka pulo jawa oge mung di jakarta wungkul" kitu cenah,

janten nu di sebat urang sunda teh nu kamaha atuh nya
hatur nuhun
wassalam 
urang kidul tea....

  ----- Original Message ----- 
  From: waluya2006 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Tuesday, May 05, 2009 10:29 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda





  > mh <khs...@...> wrote:
  > kamari uing ngapung ti surabaya, nalika di imigrasi, petugas 
  > manggih ngaran kota kalahiran uing, garut, ari pokna teh, "kumaha > damang?"
  > cenah. uing seuri, si bapa eta ge milu seuri, ceuk uing teh, "ari
  > bapak asal timana?" manehna ngajawab, cenah asalna mah ti tapanuli,
  > ngan gede di bogor. "paingan atuh", ceuk uing teh.

  Tah kuring mah sering papanggih jeung nu ngomong Sunda tapi lain urang Sunda 
di tempat di luar Tatar Sunda. Di Tanah Karo, loba Batak nu bisa basa Sunda 
...... urut supir angkot di Bandung, nu marulang deui ka lemburna. Di Minahasa 
oge kungsi papanggih, nu saurang mah tukang tani nu kungsi ngingilu jeung 
lanceukna di Sukabumi, nu saurang deui mah di Bandara jeung sapesawat ka 
Jakarta. Ieu mah tantara, pangkatna lumayan luhur. Di pesawat manehna kukulutus 
ngomongkeun adat Minahasa nu ceuk manehna goreng, pokna teh: "Alus di lembur 
urang nya?". 

  Kuring ukur nyerengeh jeung ngarasa aneh aya urang Minahasa tapi ngarasa 
lemburna di Tatar sunda ....

  Nu pikaseurieun mah di Biaro Bukitinggi. Keur ngabring we jeung babaturan di 
sisi sawah deukeut lembur, naa ari gog..gog.. teh anjing ngagogog, terus arek 
ngudag, ditembalan ku anjing-anjing sejen tiditu-tidieu, nu siap-siap oge arek 
ngudag. Bakating ku reuwas jeung sieun, kuring satengah ngagorowok: "Anjing 
bangkawarah ngareureuwas, awas euy ...geuning urang dieu mah ku raresep ngukut 
anjing mani loba kieu!"

  Ujug-ujug aya jalma nyieuh-nyieuh anjing, holna ti saung, bari ngomong maka 
basa sunda bentes pisan: "Kanggo moro bagong seueur anjing teh, kadieu atuh 
nyarimpang heula, nuju akar-ukur naon ieu teh?"

  Kacida ngagebegna, da teu nyangka aya nu nyarita Sunda. Nya disampeurkeun, 
singhoreng urang Minang asli, ngan lila dagang di ciamis tapi bangkrut. Balik 
ka lemburna jadi patani deui ....

  Baktosna,
  WALUYA



  

Kirim email ke