Pangalaman si kuring mah beda deui......
Basa rek ka Mesjid Terapung di Saudi, turun tina beus, kadangu sora tukang 
kacang Arab :" Paleseran ibu..." bari ngasong bungkusan kacang ka rombongan 
ibu2 jamaah haji nu keur ngobrol ku basa Sunda..... Ari pek teh anjeunna urang 
Sukabumi, mukim di Saudi ngadon dagang kacang.... aya ku heran si kuring mah....

Wass/nana




________________________________
From: Satria Pinandita <satriapinand...@gmail.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tuesday, May 5, 2009 3:52:58 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda





heheheheheheh
leres pisan da abdi oge gagaduh rerencangan di 
jakarta 
nyariosna teh sunda pisan teu aya loga logat batak, 
pas di taros teh
"Pa timana kawit , ari pok na teh ti medan, ka 
bandung atanapi ka jawabart pernah
ka pulo jawa oge mung di jakarta wungkul" kitu 
cenah,
 
janten nu di sebat urang sunda teh nu kamaha atuh 
nya
hatur nuhun
wassalam 
urang kidul tea....
 
----- Original Message ----- 
From: waluya2006 
To: urangsu...@yahoogro ups.com 
Sent: Tuesday, May 05, 2009 10:29 
AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya  Di Tatar Sunda

> mh <khs...@...> wrote:
> kamari uing ngapung ti surabaya,  nalika di imigrasi, petugas 
> manggih ngaran kota kalahiran uing,  garut, ari pokna teh, "kumaha > damang?"
> cenah. uing seuri, si bapa  eta ge milu seuri, ceuk uing teh, "ari
> bapak asal timana?" manehna  ngajawab, cenah asalna mah ti tapanuli,
> ngan gede di bogor. "paingan  atuh", ceuk uing teh.

Tah kuring mah sering papanggih jeung nu ngomong  Sunda tapi lain urang Sunda 
di tempat di luar Tatar Sunda. Di Tanah Karo, loba  Batak nu bisa basa Sunda 
...... urut supir angkot di Bandung, nu marulang deui  ka lemburna. Di Minahasa 
oge kungsi papanggih, nu saurang mah tukang tani nu  kungsi ngingilu jeung 
lanceukna di Sukabumi, nu saurang deui mah di Bandara  jeung sapesawat ka 
Jakarta. Ieu mah tantara, pangkatna lumayan luhur. Di  pesawat manehna 
kukulutus ngomongkeun adat Minahasa nu ceuk manehna goreng,  pokna teh: "Alus 
di lembur urang nya?". 

Kuring ukur nyerengeh jeung  ngarasa aneh aya urang Minahasa tapi ngarasa 
lemburna di Tatar sunda  ....

Nu pikaseurieun mah di Biaro Bukitinggi. Keur ngabring we jeung  babaturan di 
sisi sawah deukeut lembur, naa ari gog..gog.. teh anjing  ngagogog, terus arek 
ngudag, ditembalan ku anjing-anjing sejen tiditu-tidieu,  nu siap-siap oge arek 
ngudag. Bakating ku reuwas jeung sieun, kuring satengah  ngagorowok: "Anjing 
bangkawarah ngareureuwas, awas euy ...geuning urang dieu  mah ku raresep ngukut 
anjing mani loba kieu!"

Ujug-ujug aya jalma  nyieuh-nyieuh anjing, holna ti saung, bari ngomong maka 
basa sunda bentes  pisan: "Kanggo moro bagong seueur anjing teh, kadieu atuh 
nyarimpang heula,  nuju akar-ukur naon ieu teh?"

Kacida ngagebegna, da teu nyangka aya nu  nyarita Sunda. Nya disampeurkeun, 
singhoreng urang Minang asli, ngan lila  dagang di ciamis tapi bangkrut. Balik 
ka lemburna jadi patani deui  ....

Baktosna,
WALUYA


   


      

Kirim email ke