eta mah sanes urang sunda atuh tapi katurunan sunda
kitu tah.. ceuk kuring eta oge

2009/5/5 H Surtiwa <surt...@gmail.com>

>
>
> Ari nomer hiji mah tetep wae hese ..Urang Sunda mah na urang Suda dumasar
> kana getih (sangninus). Memeangna upama aya Urang Sunda anak Mang Karta
> sareng Nyi Emok anu ngumbara di New Caledonia, sapope make basa
> perancis..naha eta lain Urang Sunda ?
>
>
> On 5/4/09, Satria Pinandita <satriapinand...@gmail.com> wrote:
>>
>>
>>
>>  Bade nambihan sakedik tiasa merennya kang?
>> 1. nu disebat urang sunda nyaeta nu reues jeng nu ngarasa mibanda
>> sareng ngamumule kana budaya sunda
>>      saperti ngajarkan budak make bahasa sunda nu hade tur merenah
>> 2. sami waleran sim kuring oge seer pisan
>> 3. salah sahijina, wayang golek, calung, penca cek kolot mah nu di sebut
>> maenpo tea
>> 4. sami
>>
>> hatur nuhu
>> wasalam
>> urang kidul tea
>>
>>
>> ----- Original Message -----
>>  *From:* MSasmita <kuringm...@gmail.com>
>> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
>> *Sent:* Monday, May 04, 2009 7:43 AM
>> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda
>>
>>  1. Nu ngaku dirina urang Sunda tur diaku urang Sunda ku nu sejen.
>> 2. Seueur.
>> 3. Galendo, bedog/golok, lisung, samak, boboko, aseupan, pipiti,
>> tingkem jste.
>> 4. Rumah Baca Buku Sunda, alamat tingali di
>> http://rumahbacabukusunda.blogspot.com
>>
>> MSas
>>
>>
>>
>> ----- Original Message -----
>>  *From:* Taupik Nurhidayat <anoer...@gmail.com>
>> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
>> *Sent:* Saturday, May 02, 2009 5:27 PM
>> *Subject:* [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda
>>
>>  Assalamaulaikum,
>>
>> Simkuring bade ngawanohkeun diri.
>> Nami : Taupik Nurhidayat
>> Padamelan : Ngalanglang Saba Sababaraha Sakola pikeun nyiar kipayah nu
>> halal
>> Asal : Buniseuri Cipaku Ciamis
>>
>> Simkuring kaetang kuuleun perkawis budaya sunda, sanaos simkuring ngaku
>> urang sunda, ti lahir dugi ka ayeuna cicing di tatar sunda tapi nya kitu
>> nembe sababaraha waktos kapengker sim kuring aya niat miwanoh budaya... sok
>> sananos ngalangkungan ieu media sim kuring bade seueur tumaros kanu terang
>> panginten..
>>
>> dikawitan supados urang mikawanoh kana budaya saena sim kuring tumaros
>> kieu
>> 1. Ari nu disebat Urang Sunda teh watesannana kumaha bae ?
>> 2. Budaya Sunda nu tos kahasilkeun ti kawit aya kasebat Sunda dugi ka
>> ayeuna sabaraha hiji ?
>> 3. Naon Bae (dilajeng tina patarosan anu kadua).
>> 4. Dimana Simkuring tiasa mendakan buku atanapi sajarah ngeunaan sunda?
>>
>> Hatur Nuhun Sateuacanna Wilujeng Ngalagena Kanggo nu Nuju Nyalse
>>
>>
>>
>>
>  
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
+62 812 837 7662
www.garutleather.com
-----------------------------------------------------------
www.independen.wordpress.com

Kirim email ke