Neruskeun unak-anik kukuehan di Sunda.

Kueh balok anu kahot ayeuna tos mimiti dipidangkeun oge di restoran badag
atawa salah sahiji menu panutup acara tuang di hotel-hotel gede. Di RM
Bancakan, upamana, urang tiasa mesen ti anu dagangna anu ngajagrag jero eta
restoran.

Kota anu mashur ku (kueh) banros (atawa: bandros) nyaeta Sukabumi (Smi). Di
Sukabumi, sabaraha tukang banros jadi langganan masyarakat atawa anu
nganjang ka eta kota (anu geus apal, tangtuna oge). Upamana wae, tukang
bandros anu aya di jalan Wastukancana, Smi. Di bandung banros ilaharna
dijual ku cara diiderkeun. Tukang banros di Bandung - anu kapanggih ku
sorangan - umumna asal ti Garut. Kade ulah hilap, kueh banros aya dua rupa:
anu amis (teu make kalapa), jeung anu asin (bahan kalapa rada loba). Parudan
kalapa nambah nyari katempona lamun tembong di beulah hareup kueh banros anu
karek nyat dijait tina citakanana. Lamun tos antel kana letah, karaos
ngageregel dibarung ku hipu lebah tipungna. Pedo pisan, komo haneut keneh
dituang bari di luar hujan ngaririncik.

Kueh Robur enya eta, sabangsa roti tea. Ayeuna mah geus rada arang kakuping
aya anu ngider dagang kueh Robur teh. Beda jeung Odading. Di Bandung masih
mindeng anu ngajualan Odading bari ngider ti buruan ka buruan sajaba ti
Odading anu didagangkeun  matuh di warung-warung atawa sababaraha kantin.
Aya anu matak dedengeeun ti tukang dagang Odading ngider teh, nyaeta
gorowok-nawarkeunana: "Oooo-dading!!!" ("ngucapkeun "o"-na teh dipanjangkeun
laju dipungkas ku kecap "dading" sacara singget, meh wae teu kakuping).

Memang, aya sababaraha kueh Sunda (baheula) anu ayeuna ampir tara kapanggih
deui atawa masih aya, ngan geus rada langka. Upamana wae: Japilus, Kolontong
("Kolontong" kueh ieu mah. lain "kolontong" barang), Sagon, Adas (anu ieu
asana masih mindeng manggung ), Dampit, Caketra, Tengteng, Cuhcur, jjrd.
Bisa oge Noga kaasup kueh heubeul sok sanajan jaman ayeuna masih loba anu
ngajarualan. Lamun nguping "noga" sok ras inget barudak ayeuna anu
hawar-hawar mindeng nyebut "noga", tapi lain kueh, balikta "Nobunoga", tokoh
hiji pilem Jepang.

Kueh Gemblong, warisan kueh baheula oge, anu ayeuna rame deui didagangkeun.
Anu mindeng kapanggih, tukang keuh Gemblon di wewengkon Cipanas nepi ka
Bogor, oge di sakapeung di jalan tol deukeut gerbang tol. Nanawarkeun
daganganana teh ka anu tarumpak mobil lamun mobilna keur eureun di lampu
stopan atawa kapegat macet, atawa kusabab rek mayar karcis tol.

Cag heula...(sabab di luar hawar-hawar aya anu ngagorowok:"Oooo....:) ).

manar



2010/7/16 Tito Suryana <ti...@telkom.co.id>

>
>
> 
> kueh robur teh sok disebut kueh jibeuh (hiji seubeuh), mun beus harita
> jurasan bandung - majalaya...
> ================================
>
> TITO SURYANA - AR SURABAYA
> DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II
> TLP. 031 5350510
> FLEXI. 031 70951507
> HP. 08123548519
> ----------------------------------------------------------
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Eman Suherman <emankutam...@yahoo.co.id>
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Sent:* Thursday, July 15, 2010 7:30 PM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan
>
>
>
>   Ari kueh robur aya nu inget kitu, asana populer di Bandung taun 60 atawa
> 70? Eta ngaran robur teh sarua jeung ngaran beus penumpang umum di Bandung
> anu aya zaman harita, bejana eta beus teh sumbangan ti Rusia.
>
> --- Pada *Kam, 15/7/10, Surtiwa <surt...@gmail.com>* menulis:
>
>
> Dari: Surtiwa <surt...@gmail.com>
> Judul: Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan
> Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
> Tanggal: Kamis, 15 Juli, 2010, 6:49 AM
>
>
>
> Kue balok teh parantos sohor ti taun 1950 an..ngarendeng sareng banros
> kalapa (tipung beas) sareng banros moderen (sami adonan sareng Kueh
> balok). harita taun 1951-1956) top na teh eta kueh Balok dibeuleum
> satengah mateng..asak diluar dijerona eta adonan maih keneh
> buciay....kueh anu garingna dicoelkeun kanu
> buciayna..asyik...nikmat....
>
> On 7/14/10, roro rohmah 
> <roro_roh...@yahoo.com<http://mc/compose?to=roro_rohmah%40yahoo.com>>
> wrote:
> > Kutan? Eta teh kueh tradisional? Ke…ke… asa sok ningali ieu kueh di
> > pertiluan (pertigaan) wewengkon Sayati Kopo.
> >
> > Ngadadasarna teh sonten kinten-kinten tabuh genepan. Pami kaparengan
> > ngalangkung rada wengi sok dirariung kunu ngaropi. Basa nembe ningali mah
> > mesem we, aneh tuda….dipanaskeun ku kompor ti handap jaba dituruban ti
> luhur
> > kunu pasagi burahay (sihoreng anglo namina). Pami ningali tina wangun
> kueh
> > mah sigana teu patos tebih rasana siga kueh pancong nya? Jibeuh, da seret
> > dina tikorrow kedah di”surungkeun” ku cikopi/ ci nteh… nya panginten
> janten
> > wareg oge.
> >
> > Tacan kantos ngaraosan, ke ah iraha-iraha bade nyobian….
> > ro2
> >
> > --- On Wed, 14/7/10, Tito Suryana 
> > <ti...@telkom.co.id<http://mc/compose?to=titot%40telkom.co.id>>
> wrote:
> >
> >
> > From: Tito Suryana 
> > <ti...@telkom.co.id<http://mc/compose?to=titot%40telkom.co.id>
> >
> > Subject: Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan
> > To: 
> > urangsunda@yahoogroups.com<http://mc/compose?to=urangsunda%40yahoogroups.com>
> > Date: Wednesday, 14 July, 2010, 1:23 PM
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > 
> > aya kueh balok aya kueh kenong ..basa jaman keur SMP ka SMA di gg masjid
> > cicadas unggal poe sok cindekul di tukang kueh eta ti dur magrib nepi ka
> jam
> > 9 peuting, mun nu dagang mah nepi ka subuh dagangna. waas mun ngobrol teh
> > bari cacamuilan dahar kueh kenong dibarengan tukang beca, tukang copet,
> > preman....duh waas pisan euy.....
> > ============ ========= ========= ==
> > TITO SURYANA - AR SURABAYA
> > DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II
> > TLP. 031 5350510
> > FLEXI. 031 70951507
> > HP. 08123548519
> > ------------ --------- --------- --------- --------- --------- -
> >
> > ----- Original Message -----
> > From: nurul wachdiyyah
> > To: urangsu...@yahoogro ups.com
> > Cc: sunda
> > Sent: Monday, July 12, 2010 9:49 AM
> > Subject: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
> ==============================================
> Flexi Irit Mingguan:
>
> Flexi Irit Mingguan, Pulsa Rp 500.000 cuma bayar Rp 5.000, buat nelpon FLEXI
> Lokal & SLJJ 01017 seminggu. Ketik 5000 kirim ke 123. Flexi Lebih Irit Kan !
>
> Flexi Chatting:
>
> Buat yg suka Chatting, dapatkan HP Chatting mulai dari Rp 260rb bisa YM,
> GTalk, Flexi Messenger sepuasnya Rp 2.000/Mg & akses Facebook/Twitter
> masing2 Rp 1.000/Mg
> ==============================================
>               This Email Has been Scanned by Anti Virus
> ==============================================
>
>  
>

Kirim email ke