Hahahahha, tadina hayang efisien nyah malah panjang ?
ceuli we atuh..........mani cepil ngalemesan sorangan ? Hahahaha

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote:
>
> ceu ro(dua kali--walah tambah panjang), aya sakaol nu kungsi mampir kana
> cepil kuring ngeunaan sasakala kueh eta diaranan odading. kieu cenah:
> 
> (tempat kajadian persisna mah tos hese dipaluruh, sabab tos lami teuing,
> pokona mah di tatar sunda jaman kumpeni).
> 
> harita, kacaritakeun saurang meisye leutik ngurihit ka haar moeder hayang
> meuli sarupaning kueh. kabitaeun ningali cacamuilan bangun nikmatna saurang
> pribumi ngadahar eta kueh. ngan hanjakal si meisye eta teu apaleun ngaranna.
> haar moeder nu bageur jigana tara mere jajan samarangan. keur
> ngabebenjokeun, manehna ngajak si meisye ka tukang kueh eta. barang jog,
> nenjo wangun eta kueh si moeder kagugu bari pok, "o dat ding". dasar urang
> sunda sok salah denge, pokpokan si mejuffrouw teh kadengena jadi odading.
> ahirna kueh eta nelah we odading nepi ka kiwari, ngaran aslina mah saurang
> ge moal aya nu ingeteun.
> 
> hehe...
> 
> 2010/7/22 roro rohmah <roro_roh...@...>
> 
> >
> >
> > Mang Oman, ngiringan ngadongeng ah… Odading…
> > _._,___
> >
> 
> 
> 
> -- 
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>


Kirim email ke