Neng Roro, nuhun dongeng tukang Odadingna, seger. Ngiring bingah ka tukang
odading, geus bisa barang jual Odading make motor.

Eta deui aya informasi anyar keur abdi: Odading teh varian Cak Kwe. Tetela.
kukuehan oge siga virus atawa pembukaan catur, aya varianna. Sigana jejer
kukeuahan upama dibahas varian-varian na baris matak pogot macana. Upamana
wae: Gegetas varian tina Gemblong, atawa Cuhcur varian tina Surabi.

Kabayang ku kuring, sarupaning Wajit loba pisan varianna. Pon kitu deui
sarupaning Berendil, Bandros, Candil, jsb.loba oge jenis-jenisna. Ngan, anu
susah, kumaha nangtukeun yen kueh anu ieu varian ti anu itu, atawa sablikna.
Aya kriteriana? Siga kumaha nya berendelan kriteriana? Mangga nyanggakeun ka
para ahli kueh...:)

manar

2010/7/22 roro rohmah <roro_roh...@yahoo.com>

>
>
> Mang Oman, ngiringan ngadongeng ah… Odading…
>
> Ceuk ceunah Odading teh varian tina Cak Kwe nu asalna ti Tiongkok, ngan
> lolobana dijual di wewengkon Jabar & Batawi. Sok rada bingung antara Odading
> jeung Kueh Bantal. Da, mun dirasa-rasa mah sarua, amis, hipu & aya
> lolongkrang di tengahna, ngan beda dina wangun wungkul. Odading mah baruleud
> & kueh Bantal mah parasagi, kumaha we bantal. Di pulo Jawa bagean wetan mah
> ceunah ieu kadaharan disarebutna teh bolang-baling, ari ku bule sok disebut
> Chinese Doughnut.
>
> Di komplek kuring aya sababaraha tukang Odading. Diantarana aya tukang
> Odading nu beda tinu lian. Salian pangawakanana nu busekel siga nu sok
> miluan pitneus. Sorana ngoncrang teu kudu make toa, ceuk nu bohong tea mah
> kadengeun ku jalema sakomplek. Basa karek pindah ka eta komplek, tukang
> odading nu eta nikreuh keneh. Tuluy sok naek sapedah… kadieunakeun make
> motor. Alhamdulillah, aya kamajuan, gede batina meureun.
>
> Mun ditilik tina Odading jeung Cak Kwe nu didagangkeunna mah biasa bae boh
> tina ukuran atawa hargana. Nu bedana dina ngadagangkeunana nyaeta make
> “strategi marketing’ ku rupa-rupa kecap-kecap basa Sunda (hanjakal teu apal
> kabeh) nu pikaseurieun jeung matak panasaran kanu meuli.
>
> Ari pas kabeneran pasarandog, kuring sok mesem da hayang seuri…
> “Kunaon mesem? Ning meser…” bari paromanna lempeng sigan nu teu ngabodor.
> Mun di tengah lapang hareupeun imah, sagala disebutan…
> Kang Dadang, Kang Endang, Mang Tatang barade yeuh Odadiiiiing…..!
> Teu kitu norolang siga reporter mengbal...
> Odadingraospamiteusapagodoskanapangaoswiosteucios. Mani norostos.
> Sok ditungtungan ku lagu Euis Darliah,”Odading.. daaaaanggg… diiiiingg..
> dooong…!”
>
> heheh,
> ro2.
>
>
>
>
>
>
>>> 2010/7/21 oman abdurahman <omana...@gmail. 
>>> com<http://aa.mc305.mail.yahoo.com/mc/compose?to=omana...@gmail.com>
>>> >
>>>
>>>>
>>>>  Neruskeun unak-anik kukuehan di Sunda.
>>>>
>>>>
>>>> Kueh Robur enya eta, sabangsa roti tea. Ayeuna mah geus rada arang
>>>> kakuping aya anu ngider dagang kueh Robur teh. Beda jeung Odading. Di
>>>> Bandung masih mindeng anu ngajualan Odading bari ngider ti buruan ka buruan
>>>> sajaba ti Odading anu didagangkeun  matuh di warung-warung atawa sababaraha
>>>> kantin. Aya anu matak dedengeeun ti tukang dagang Odading ngider teh, 
>>>> nyaeta
>>>> gorowok-nawarkeunan a: "Oooo-dading! !!" ("ngucapkeun "o"-na teh
>>>> dipanjangkeun laju dipungkas ku kecap "dading" sacara singget, meh wae teu
>>>> kakuping).
>>>>
>>>>
>  
>

Reply via email to