Kang RH, tong boro majalah Playboy, nu sabenerna mah rada "sopan", dalah VCD 
porno anu kacida vulgarna ge teu hese milarianana di lembur mah. Nyaeta 
panginten kusagala "DILARANG" tea, jadi nambah kapanasaran jalmi. Beuki 
dilarang, malah beuki nerekab ...............

2-3 taun kapengker aya kasus "VCD eseks-eseks" di Bandung nu kasohor disebat 
"VCD Itenas". Aya sapasang budak mahasiswa, lalakina mahasiwa Itenas ( 
Institut Teknologi Nasional- Bandung) ari awewena mahasiswi Unpad. Ieu 
barudak kablablasan maen eseks-eseks make direkam sagala. Cenah mah keur 
koleksi pribadi. Waktu rekaman ieu dipindahkeun kana CD make jasa batur, 
rekaman ieu dipaling kunu mindahkeun, dilipat-gandakeun, terus dijualan, 
laku tepi ka nerekab di sakuliah Indonesia, da di "promosikeun" ku media, nu 
ceuk kuring mah ngagede-gedekeun kasus ieu. Dua budak ngora ieu akhirna 
"dihukum" ku masyarakat, disidik ku pulisi jeung dipecat ti sakolana. Malah 
Indung budak lalakina, tepi ka teu wani kaluar ti imah, bakating ku era. Nu 
kuring teu ngarti, kunaon masyarakat teh ngahukum barudak ieu, mani kejem 
kitu (leuwih kejem tinimbang kanu maehan atawa ka koruptor) , padahal 
manehna apan korban. Koleksi pribadina dipaling, terus dijualan. Nu teu etis 
jeung teu boga moral sabenerna lain barudak ieu, tapi masyarakat anu 
ngajual, jeung mareuli VCD ieu nu sanggeus lalajo film eta, ngomentaran bari 
gogodeg nuduh eta barudak teh teu boga moral ...........

Masyarakat naon atuh ari nu kieu namina nya? munafik atawa hipokrit kitu?

Baktos,
WALUYA


----- Original Message ----- 
From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Saturday, January 21, 2006 8:27 PM
Subject: Re: [Baraya_Sunda] Playboy?


> Kang Wly, Kang Rn,
>
> Anu kuring heran teh, naha ari bangsa urang ngan nguruskeun hal2 anu teu 
> sapira alias sepélé tea!
>
> Sigana , di RI mah, teh MORAL teh identik jeung seks? Asa bingung 
> ngabandunganana. Siga nu heueuh nguruskeun moral, komo bari 
> ngabanding2keun jeung nu sejen mah. Padahal bangsa urang teh bokbrok pisan 
> MORALna teh, lain... lain ku alatan esek2, tapi KORUPSI!!! Padahal urusan 
> seks mah urusan pribadi wungkul! Bandingkeun jeung KORUPSI, eta mah 
> ngaruksa tatanan SOSIAL bangsa urang! Lain ngan saukur urusan pribadi.
>



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke