--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kabebasan berpendapat nu mana, Kang Rahman? > > isk >
Kang Kumi, Anu ieu Kang he he he... Kieu geura, rek ngocoblak saeutik... susuganan we rada jejeg carita jeung argumen na nya. Taya jelema anu ayeuna kumelendang anu pernah nyaho rupa na Kangjeng Nabi. Terus lamun aya jelema anu ngagambar kartun (teuing saha deuih anu digambar na ge!) bari ditempelan ngaran 'Nabi Muhamad'.... Heg loba jelema NGAMUK. Keur kuring mah asa teu nyambung saeutik2 acan! Saha bae oge meunang ngagambar naon bae oge. Komo ieu mah apan karikatur deuih! rek dicontoan anu rada enteng. Mun Kang Kumi nyieun gambar Madonna, terus make tulisan "Ieu indung sia anu bangkawarah"... "Tukang lacur"... "Anak haram" jeung loba deui teks anu siga kitu. Terus eta gambar teh ditujukeun ka kuring (Pan Kang Kumi teh ambek ka kuring deuih he he he). Reaksi kuring? Paling nyerengeh bin nyengir... apan! Sabab euweuh hubunganana sacongo buuk oge lin? Gambar na? Apan jelas Madonna! Lian ti kitu apan KANYATAANANA indung kuring mah lain tukang lacur. Da kuring anu pangnyahona! Balik kana kartun tea. Gambarna: apan JELAS lain gambar Nabi, da euweuh nu nyaho rupana ge. Kuring nempo eta kartun. Gambar na leuwih mirip fakir ti India! Makana kuring mah heran. Bet ribut ku nu teu pararuguh ieu teh. Kuduna mah NYENGIR we lah... apilainkeun. Cuek beybeh... ceuk Kang MGT mah. Pan tiis ceuli meureun? Ari ayeuna apan jadi pahereng2 teu puguh. Lieur ceuk kuring mah... baktos, Rahman http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
