Kang Aep, Hampura mun karasa heuras mah he he he. Ngasakan sanguna kurang cai meureun, jadi weh bear! ;))
Enya kitu Kang. SAlah sahiji kalemahan urang teh, sok LOBA teuing nyalahkeun batur. Susah jadina... Mun urang apal, yen nu salah teh diri sorangan. Leuwih gampil memenrena. Menerkeun batur tea... nyiar pipaseaneun! he he he. Mun digelepok batur, pan jadi riweuh! baktos, Rahman teu boga niat ngajak pasea! ;)) --- In [email protected], aep saepulloh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Heheh meni heuras euy balesanna, > Da abdi mah berdasarkan pangalaman sateuacanna. Upami teu lepat di Ustrali kungsi aya teror via surat nu eusina "Virus Anthrax" tea. Pihak barat (Amrik & Ustrali) nuding eta teh pagawean teroris musuh maranehna. > > Padahal nyieun pakarang biologis teh beda pisan jeung nyieun pakarang biasa, ngan ukur bisa dijieun ku nu boga teknologi tinggi di bidang bioteknologi. Saha deui coba nu boga teknologi kitu? > > Tadina judulna ge apanan "milu suudon" piraku ari Amrik suudon mah meunang, tapi ari abdi nu (pipilueun) suudon teu meunang? > > Btw, tapi abdi nangkep eusi email K Rahman ieu teh nyaeta soal "semangat intropeksi diri", sanes kitu K Rahman? > > Ah teuing...Meureun ketah.;)) (nurutan heheh) > > > Baktos > > Aep S > >
