Siiip Kang Rahman.
Ceuk Abah Bondan mah, ma'nyuuusss. Top markotop deh!

Baktos,
Ar

Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
 > Hukum dijieun keur kaadilan (hal nu subyektif, deukeut kana
 perasaan) , tapi 
 > hukum kadang-kadang sok ukur keur hukum deui, saklek. Kaadilan,
 tujuanana, 
 > malah ditinggalkeun.
 
 Teh Aryani, Kang Wly, baraya...
 
 Agama rasional? Eta mah ceuk nu ngimpi he he he. Ceuk kuring mah, taya
 hubunganana antara rasio jeung kapercayaan. Ngaran na ge percaya...
 moal bisa dirasionalkeun.
 
 Ngarah gampil. Sok rasionalkeun/logikakeun. Kunaon hiji jelema BEUKI
 jengkol, anu sejen na TEU beuki jengkol? Beuki mah kulantaran beuki
 we. Percaya mah... nya kulantaran percaya we. Titik.
 
 Ngan, kulantaran manusa mah mahluk rasional. Aya upaya2 anu
 ngarasionalekun agama alias kapercayaan tea. Naon we ... didedetkeun
 jadi justifikasi rasional. Anu ahrina jadi aneh...sabab rasionalitas
 mah merlukeun BUKTI2. Aya kitu bukti janggelekna Pangeran? Taya bukti
 sasiki oge... tapi urang percaya (keur nu palercaya tangtu na ge!). 
 
 Mun kuring NGAN neuturkeun rasionalitas. Sigana mah geus lila TEU
 percaya yen Pangeran teh EKSIS. Tapi, manusa boga dimensi sejen,
 dimensi HATE/ Perasaan, anu teuing di mana tempat na dina jasad
 manusa. Kuring masih PERCAYA ayana Pangeran, kusabab ceuk hate
 (percaya)... aya dimensi sejen di luar ieu jasad. Euweuh bukti mah,
 tapi ngarasa tumaninah bisa percaya kana hal gaib siga kieu.
 
 Ti mana asalna sikep percaya siga kieu? Duka teh teuing. Ceuk cenah
 mah... aya oge anu disebut gen reliogisitas. Tapi... masalah
 kapercayaan mah kusababa didikan jeung lingkngan hirup kitu?  Coba we
 nanya ka sorangan... ngagem hiji agama teh (naon bae oge) kusabab
 MILIH sorangan, atawa kusabab KABENERAN dilahirkeun di hiji kulawarga
 anu boga kapercayaan?
 
 Kuring yakin... lolobana mah kusabab DILAHIRKEUn di hiji kulawarga anu
 boga agama.
 
 Makana, asa aneh. Mun aya jelema anu ngarasa agama na PANGALUSNA.
 Sabab, kuring yakin, eta manusa teh TEU kungsi ngabanding2keun agama
 na jeung agama sejen sacara OBYEKTIF.
 
 Kasimpulan. Percaya atawa teu percaya kana agama, pakuat pakait jeung
 lingkngan hirup kumbuh urang. Mun kuring kabeneran dilahirkeun di
 Tibet, saha  nu nyaho kuring jadi Dalai Lama? Tapi kuring KABENERAN
 dilahirkeun di kulawarga supir masjid... otomatis kuring jadi Muslim.
 Pernah milih sorangan jadi muslim? Sing sumpah HENTEU!
 
 baktos,
 
 Rahman
 
 
     
                       

                
---------------------------------
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
 http://id.mail.yahoo.com/

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke