Waaaaah sae pisan ieu carita sareng pamikiran, eduuun pisan makna sareng 
pangarti-na :). Yen saleresna anu penting parilaku anu payus anu hade eta anu 
utami kitu :). Others will follow :). Punten nganggo bahasa inggris rumaos 
TOEFL ti baheula teu acan nepi ka 600 wae hiks hiks... padahal bahasa inggris 
teh bahasa anu penting keur penetrasi ka dunia internasional :). Ari bahasa 
upami jarang di anggo mah pasti weh lami-2 poho. 

Upami disaluyukeun sareng kaayaan nagri urang ayeuna eta caritaaan teh pas 
pisan :). 

Hatur nuhun Bah,
Asep

  ----- Original Message ----- 
  From: waluya56 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, December 15, 2006 1:39 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Haji Sosial?


  --- In [email protected], "Aasep Tea" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Sae pisan ulasana Kang RH, 
  > Di kampung abdi aya istilah "teu meunang naek haji" saparantos ku 
  > abdi ditaroskeun ka mama kuwu naha kunaon bet teu meunang naek haji? 

  Kang Asep, Mama Kuwu teh meureun resep faham Sufi ...hehehehe. 
  Sufiismeu di Islam ceuk cenah tumuwuh di kalangan kaum Syiah atawa nu 
  deukeut-deukeut jeung eta. Nu matak baheula kaum Sufi subur di 
  Baghdad. Di Bagdhad di abad ka 10, geus aya universitas. Kaum 
  cendikiawan numpuk didinya. Nu disebut kabudayaan Islam maju teh nya 
  di Bagdhad. Dongeng ABu Nawas, Nasredin Hoja, 1001 peuting jrrd asalna 
  Bagdhad ..... Tapi kaum sufi/cendikiawan ieu teu dipikaresep ku kaum 
  Sunni nu puritan, komo ku faham Salafi/Wahabi mah.

  Di urang cenah sufiismeu teh dibawa ku Syeh Siti Jenar, nu dina 
  mitologi, cenah dihukum pati ku para Wali, kulantaran nganjarkeun 
  intina Islam. Kunaon teu meunang diajarkeun? nya duka teuing atuh ....

  Kuring sakapeung resep macaan buku Sufi, tapi sakapeung sok 
  lieur ....maklum meureun didinya intina. Soal Haji aya dongeng nu sok 
  sering dicaritakeun ku nu resep Sufi, nyaeta TUKANG SAPATU TI BAGHDAD.

  Kacaritakeun di Bagdhad aya tukang sapatu, hayang pisan ka Tanah Suci. 
  Manehna nabung, saeutik-saeutik, mangtaun-taun, maklum tukang sapatu, 
  panghasilnana teu sabaraha. Waktu duitna geus ngumpul, kacida manehna 
  atohna, terus nyieun janji jeung babaturanana, kumpul di hiji tempat, 
  rek bareng indit munggah Haji.

  Tapi ku hanteu, tatangga tukang sapatu meunang katunggaraan, butuh 
  duit, poho deui eukeur naonna mah, ngan nu jelas tulunganeun. Si 
  tukang Sapatu, bimbang, hayang nulungan tatanggana. Rasa kamanusaanana 
  kageuing, akhirna ...bro weh duit keur waragad naek haji teh dibikeun 
  ka tatanggana, teu jadi munggah Hajina. Manehna teu datang ka tempat 
  nu dijanjikeun jeung babaturanana.

  Musim Haji geus lekasan, si Tukang Sapatu kadatangan babaturanana nu 
  tas munggah Haji. Babaturanana ngomong mani reang:" Na ari anjeun, 
  cenah rek bareng indit munggah Haji teh, ari ieu indit sosorangan wae!"

  "Har .... kuring mah teu jadi munggah Hajina oge!", ceuk si Tukang 
  Sapatu teh, heran.

  "Ah entong bohong, kaciri pisan ku sarerea oge anjeun teh aya diditu. 
  Ngan waktu disampeurkeun rek ditanya, kereles ngaleungit, teu kaciri, 
  ngahiji jeung nu ngagimbung. Sabararaha kali anjeun kapergo aya 
  diditu!"

  Tukang sapatu teh beuki ngahuleng ......

  Baktos,
  WALUYA



   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke