Baraya,

Dikotektak dina kamus (LBSS jeung Eringa), weleh teu kapanggih kecap
muruGul mah.

Kuring boga teori siga kieu.

Ari dasar kecap murudul mah apan udul, hartina lalesotan, maruragan
(tina beungkeutan), pokona mah anu asalna napel ... jadi teu napel.

Anu jadi masalah teh, naon kecap dasar murugul? Sabab kecap dasar
'ugul'mah... asa teu manggihan!

Sigana mah aya analogi kieu. Bisa jadi dikantetkeun kana kecap 'dugul'
alias gundul bin botak. Jadi muruGul... gundul?

Teuing ketah ah... teori ngaran na ge. 

Tapi ari ceuk rasa basa kuring mah, ieu dua kecap teh SARUA hartina.
Asa aya hadena mun harti anu beda (dina basa wewengkon) dikumpulkeun
di dieu. Susuganan aya mangpaatna.

baktos,

Rahman

--- In [email protected], "Suteja Amijaya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  >>Konteks kalimah na siga kumaha Kang, anu mururgul teh? RH
> 
> Basa keur nganjrek di wewengkon Tambun Bekasi nu katelah betawi ora,
mindeng
> kadenge nu ngalarapkeun kecap murugul nu ngabogaan harti sakumaha
ceuk kang
> Kumi. Mantangul, hese diwarah.
> "Budak teh aya ku murugul, hese pisan dicarek," kurang leuwih siga
kitu lah
> konteks na mah.
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>


Kirim email ke